> Surtiwa <surt...@...> wrote: > Kumaha mun Evita Peron ? Ah cocog Bah Iwa. Ti kamari nginget2 saha tokoh Dunya nu ngaharib-harib jeung Theodora, weleh teu kaemut. Leres pisan Evita Peron, nu laguna tepi ka ayeuna oge masih sok aya nu nganyanyikeun keneh, "Don't Cry for me Argentina" ......
Aya deui nu teu ngarti teh, kunaon ari kecap "JALU" (JANTAN) mah dipikareueus, naha aya hubunganana jeung kagagahan? tapi ari kecap "BIKANG" mah dianggap teu pantes, ukur keur sato, lain keur jelema, tepi ka judul novel "Female" oge diganti "Wanita" sanes "Betina"? Aya nu tiasa nerangkeun? Baktos, WALUYA

