Keur mahasiswa kungsi maca novel terjemahan wedalan Gramedia, judulna teh 
WANITA, karangan Paul I Wellman. Setting caritana jaman Yunani Kuno 
(Byzantium), nu boga lalakonna Theodora, ungkluk (punten) jalanan anu 
miskin, tapi ku kapinteran jeung kalicikanana manehna akhirna jadi Ratu, 
sang pangawasa. Theodora didukung ku kokolot tukang jajaluk di jalan-jalan 
Konstantinopel (istambul ayeuna). Novel ieu, nu aslina mah judulna THE 
FEMALE alias "SANG BIKANG", nempokeun kumaha ambisi awewe miskin nu geus 
dianggap runtah masyarakat akhirna jadi pangawasa.

Rame pisan, bisaan nu ngarangna. Lamun inget kana novel eta, sok kapikiran 
naha di dunya nyata aya kitu awewe anu siga kitu? Teuing teu apal ngan asa 
kaingetan poe ieu Antasari Azhar arek divonis, jeung aya artikel dina 
detikNews soal  Rhani Juliani  saksi kunci kasus Antasari.judulna teh : 
"Rhani Juliani, Memimpikan Karir Mapan Kini Hidup Dalam Cibiran " 
(http://www.detiknews.com/read/2010/02/11/072019/1297191/10/rhani-juliani-memimpikan-karir-mapan-kini-hidup-dalam-cibiran).
 
Rhani Juliani, awewe anak jalma sederhana (pisan), cenah hayang ngarobah 
nasib, manehna sakuat tanaga "bajuang" ngarobah nasibna, jadi caddy golf, 
jadi itu ..., jadi ieu ..tepi ka dikawin siri ku boss. Meureun manehna oge 
hayang make "cara Theodora", ngan hanjakal tujuanana teu kabeh katepi, 
manehna meunang popularitas tapi oge  wareg ku "caci maki".  Geuning 
"Theodora" teh  ngan aya di dunya dongeng ......

Baktos,
WALUYA



 

Kirim email ke