Software Sunda Munggaran Sa-Alam Dunya!(Indismart, Hadiah Terbaik untuk Pelajar)




Kantos mendakan software nganggo basa Sunda? Sim kuring mah
asana dugi ka danget ieu mah teu acan kantos kawenehan. Duka upami kirang
ngorehan mah. Upami tea mah teu acan kantos aya, jigana software Milangkala teh
memang leres janten software munggaran nu basana nganggo basa Sunda. Sanaos
sanes software anu ‘canggih’, namung aya misi anu mandiri kanggo ngalenyepan
jatining hirup sareng huripna. Oge mamanawian ieu software tiasa lebet ka
MURI  Waktos teh kacida nyerelekna.
Software Milangkala, minangka software munggaran dina basa Sunda, ngajak urang
pikeun ngalenyepan waktos. Mangga geura emut-emut, naon anu kaimpleng upami
salira milangkala (ulang taun)? Biasana tara ieuh kalenyepan, tos dugi ka mana
urang lumaku dina enggoning nyangking pancen salaku khalifah di dunya ieu? Naon
bae nu tos dipidamel ku urang dina ngamangpaatkeun sesa umur? Ku software ieu
baris katingali kumaha nyerelekna waktos, kumaha nambihanana yuswa urang dina
etangan milidetik. Sabaraha sasih, sabaraha dinten, sabaraha menit, sabaraha 
detik,
sabaraha milidetik saleresna urang parantos lumampah atanapi kumelendang di
alam dunya? Software ieu, dina enas-enasna mah ngajak pikeun ngamangpaatkeun
waktos kanggo nyiar bekel dunya akherat. Milangkala oge dilengkepan ku ‘alarm’
(pangemut-ngemut) dina wangun ‘pop-up message’, sabaraha dinten deui salira
dugi kana waktos milangkala. Sadayana jentre diuningakeun. Oge baris aya
pangbagea otomatis kanggo salira upami kaleresan panceg dugi kana dintenan
milangkala. Cara nganggona, salira kantun ngalebetkeun data mangrupi tanggal
lahir (tanggal, sasih sareng taun), pencet tombol, salajengna kantun nitenan
sabaraha saleresna yuswa salira, dinten naon salira digubragkeun ka alam dunya
sareng saterasna. Lian ti eta, salira oge tiasa ngintunkeun software milangkala
minangka hadiah atanapi kagegelan, kanggo ngaraketkeun tali silaturahmi sareng
wargi, rerencangan kuliah, rerencangan kantor, sareng sajabina. Jenengan sareng
alamat web atanapi email, oge tiasa dilebetkeun kana ieu software ngagunakeun
software panambih: kalabrander. Cara nganggona oge aya dina pituduh ‘AOS
HEULA’, gampil tur henteu matak sesah. Software Milangkala sakumplitna tiasa
diundeur (download) haratis di dieu. Nyanggakeun, wilujeng ngaraosan software
sunda munggaran sa-alam dunya!

 

http://barayayas.wordpress.com/2009/05/31/software-sunda-munggaran-sa-alam-dunya/

Firman Juliansyah 



PT INDISMART KREATIF IDEA

Jl. Tubagus Ismail XVI No. 7, Bandung, Indonesia 40131 

T: +62 22 2503761 F: +62 22 2508155

Mobile: +62 81 320 656 905

Email : [email protected]



http://www.indi-smart.com

http://www.myindismart.blogspot.com

http://www.facebook.com/firmanjul

http://www.firmanjul.wordpress.com

http://www.blogs.friendster.com/bozzetto

http://www.ihavelyrics.blogspot.com

http://www.asiabersama.com/firmanjul


      

Kirim email ke