Mun nitenan guluyurna padungdengan, sarta serelek nu pakait, jigana Kang
Gagak patukeur toong antara "mj" jeung "mh". Padahal eta teh dua entitas nu
beda. Nu hiji "mj" ieu mah novelis tukang "ngorong" eh tukang ngarang. Nu
hiji deui, uing "mh", nu ieu mah ukur tukang tuang-toong.Tapi uing percaya
ieu serelek memang ditujukeun ka "mj".
Der ah teraskeun padungdengna.


2010/2/28 Gagak Bandung <[email protected]>

>
>
> Hapunten mang jamal, abdi teh leres2 sanes ahli basa, komo deui basa sunda
> mah, malihan ari nyerat basa sunda teh sok waswas, bilih kaparios ku bah aa,
> nyoledat undak usuk basana.
> Abdi bulak-balik ngaos dangding seratan abah R.I. Adiwidjaja, abdi mung
> tiasa ngaraoskeun endah sareng jembarna basa Sunda, tapi teu yasa
> ngajelaskeunnana.
> Malihan biasana MJ anu langkung paos wawasanna perkawis elmu sabangsa nu
> kieu, lilingerana kanggo ngabandingkeun hiji basa jeung basa lianna. Abdi
> bade nyobian mung sakadar pangbuka kanggo diteraskeun ku anu langkung
> terang.
>
> Wangenan basa.
> Basa nya eta alat nu dipake ku manusa pikeun ngedalkeun eusi hatena
> diwangun ku rentetan sora anu geus ditangtukeun entep-seureuhna ku masarakat
> nu make eta basa.
> Nurutkeun wangenanna basa teh mangrupa alat pikeun ngedalkeun hate, ku
> kituna jeung jelema anu sarua basana urang bisa silih kanyahokeun, naon
> maksudna masing2, jadi basa teh ngagampangkeun campur gaul jeung babaturan..
> Ku sabab eta basa teh boga fungsi :
> 1. Fungsi Emotif (ekspresif,personal)
> Fungsi basa anu raket patalina jeung panyatur, gunana pikeun ngebrehkeun
> rasa, pikiran, tur kahayangna panyaturna.
> 2.Fungsi Konatif (direktif,regulasi,retorik,apelatif)
> Fungsi basa anu raket patalina jeung paregep (pamaca), gunana pikeun
> nimbulkeun pamapag (responsi) ka paregep, tujuanna bisa ngajak,
> mangaruhan,nitah,nyaram,nanya, mapatahan jste.
> 3. Fungsi Kognitif (referensial,representif,instrumental,informasional).
> Fungsi basa nu raket patalina jeung konteks atawa objek nu
> dicaritakeun,gunana pikeun ngagambarkeun dunya luar basa kayaning
> ngulik,ngadadarkeun, jeung medar elmu pangaweruh.
> 4.Fungsi Patis (interpersonal,interaksional,pragmatis)
> Fungsi basa anu raket patalina jeung kontak interaksi, gunana pikeun
> nepungkeun panyatur jeung paregep geusan ngajaga tali
> silaturahmi,hajenan,tur silihhormat.
> 5.Fungsi Imajinatif (estetis,puitis)
> Fungsi basa anu raket patalina jeung amanat atawa pesan omongan minangka
> makena basa jadi lambang kaendahan. Fungsi imajinatif museur kana amanat
> lambang basa nu nimbulkeun rasa endah, tujuanna ngarah meunang kasugemaan
> batin,biasana mangupa kristalisasi panglaman jiwa pamake basa tur
> direalisasikeun winangun karya sastra.
> 6.Fungsi Metabasa (metalingustik)
> Fungsi basa anu raket patalina jeung lambang (kode,tanda) basa, gunana
> pikeun maluruh tur medar basana sorangan.Contona,basa Sunda mibanda fungsi
> pikeun ngulik jeung medar basa Sunda.
>
> Cekapkeun sakieu, sakaterang abdi anu kantos diaos tina palajaran basa
> Sunda seratan ahli basa Sunda, panginten ieu tisa dijantenkeun lilingeran 
> pikeun
> ngabandingkeun hiji basa jeung basa lianna.
>
> Hapunten,teu tiasa nyugemakeun, rumaos masih keneh diajar.
>
> Baktos Abdi
> Gagak Hideung.
>
>
>  ------------------------------
> *Dari:* mh <[email protected]>
> *Kepada:* [email protected]
> *Terkirim:* Sab, 27 Februari, 2010 05:58:47
> *Judul:* Re: [Urang Sunda] Pasipatanana Basa Sunda
>
>
>
> Cing Kang Gagak rada diebrehkeun, naon lilingeranana nu dipake pikeun
> ngabandingkeun hiji basa jeung basa lianna. Ngarah uing teu ukur ambon
> sorangan, sering umaku basa urang leuwih punjul ti basa sejen.
> -mh-
>
> 2010/2/27 Gagak Bandung <gagak...@yahoo. com <[email protected]>>
>
>>
>>
>>  Pasipatanana  Basa Sunda
>>
>> Lamun  dibandingkeun jeung basa-basa di Eropa, basa Sunda teh dina
>> leotanana  mah cenah meh sarua jeung  basa Itali atawa basa Prancis,
>> malah leuwih hade meureun.
>>
>>
>>
>> Ku salah saurang ahli basa bangsa Eropah geus digambarkeun kumaha
>> kaendahanana jeung kajembaranana, ku R.I. Adiwidjaja eta pamendak bangsa
>> asing  teh didangdingkeun, kieu unina :
>>
>>
>>
>> Basa  Sunda upami ditilik,
>>
>> Dititenan pasipatanana,
>>
>> Ebreh eces wandana teh,
>>
>>  Pangadeg nu sampulur,
>>
>> Alus laur sinareng ginding,
>>
>> Tur pohara gandangna,
>>
>> Kewes mulus tangtung,
>>
>> Cahayana ngagenyas  herang,
>>
>> Nyacas bengras ngempur kadia ratnadi,
>>
>> Gilapna lir permata.
>>
>>
>>
>> Lir ciibun anu ngagarawing,
>>
>> Nu maruntang dina dangdaunan,
>>
>> Ngagarendang ting poncorong,
>>
>> Cinyusu luhur gunung,
>>
>> Anu muntang na cadas nawing,
>>
>> Ana mangsana nyakclak,
>>
>> Tina luhur gunung,
>>
>> Kapireng sorana mencrang,
>>
>> Guluyurna sora sari cai tarik,
>>
>> Turun tina pagunungan.
>>
>>
>>
>> Margaluyu sada cai tarik,
>>
>> Anu nyorang tanah padataran,
>>
>> Matak nyuat kana hate,
>>
>> Husada ka nu Liwung,
>>
>> Kadya mojang nu ngahariring,
>>
>> Ana ninggang keur hegar,
>>
>> Lir keureuleung angklung,
>>
>> Pratengtang taya karingrang,
>>
>> Ninggang sedih lumengis lir sora suling,
>>
>> Sipatna basa Sunda.
>>
>>
>>
>> Mangga nyanggakeun, hapunten bilih teu nyugemakeun.
>>
>>
>>
>> Baktos abdi
>>
>> Gagak Hideung.
>>
>> ------------------------------
>> Menambah banyak teman sangatlah mudah dan 
>> cepat.<http://sg.rd.yahoo.com/id/messenger/trueswitch/mailtagline/*http://id.messenger.yahoo.com/invite/>
>> Undang teman dari Hotmail, Gmail ke Yahoo! Messenger sekarang!
>>
>>
>
> ------------------------------
>  Apa dia selingkuh?
> <http://id.answers.yahoo.com/question/index;_ylt=AvBZVi6lFVNDeCdqvOFQRQzJRAx.;_ylv=3?qid=20080415021033AAesuEj>
> Temukan jawabannya di Yahoo! Answers!
>
> 

Kirim email ke