Soal basa, ngalaman sangsara alatan teu bisa basa deungeun. Urang ngadongeng saeutik tamba tunduh haha
Basa ngulampreng ka brussel belgia, hujan salju terus-terusan jeung beuki badag. (isukna aya warta, badey salju di eropa). Calon panumpang ngagimbung di jero stasion. Bari marake jas winter tea nu harideung. Sangsarana, harita aya pengumuman dina speaker stasiun central brussel, hanjakal teu ngarti, da duka ku naon ngan ukur ku basa perancis jeung walanda. Apal eta basa perancis, terus walanda, tapi teuing naon maksudna. Nyeri hate puguh ge. Naon maksudna pengumuman eta. Diarep-arep aya nu make basa inggris, lebeng. Teu tahan nahan panasaran, tatalek ka pulisi ku basa inggris bari nyaritakeun si kuring rek balik ka walanda. Pulisi bageur, nyaritakeun yen kabeh trayek kareta ka walanda dibatalkeun alias teu aya kareta ka jurusan walanda. Hag siah! Baris tunggara sare di stasiun brussel bari tirisna belasan derajat handapeun enol. Nya nanya deui, kumaha carana bisa balik ka walanda. Manehna ngabejaan bari diawalan ku susugunan. Coba we naek kareta ka antwerpen. Sugan ti dinya aya kareta nu ka kota di walanda. Nya nurutan. Nyicil naek turun kareta ka kalerkeun (dumasar peta, walanda di kalereun belgia). Naek turun kareta bari tatanya ku basa inggris ka bule gigireun sanggeus hiji pengumuman tina speker kareta rengse. Si bule ngabejaan in english. Antukna mah nurutan maranehna we, nu sarua rek balik ka walanda. Maranehna turun, si kuring jeung babaturan turun, maranehna naek, milu naek. Nepi ka den haag, nganuhunkeun jeung menta hampura geus tatanya bae. Manehna, ibu-ibu londo geulis jeung katembong nyakola, ngawajab, teu sawios-wios, da mun kuring ka negeri anjeun oge sigana rek loba tatalek ku basa nu kuring ngarti. Haha Basa nu endah mah basa nu kaharti ku urang sabab bisa nepikeun pamaksudan. Sanajan cek batur basa perancis endah, mangga we. Sanajan sacara kabudayaan, sigana basa mah nya sarua we kitu. Teu aya nu hade atawa nu butut. Sanajan pikeun ngekeak walanda, pernah oge nyarita di walanda, basa walanda mah teu ngeunah. Tapi ari ngadenge londo nyarita mah, ngaguluyur, kabita oge sanajan teu nepi ka diajar. Ngan ukur bisa nyarita bedankt atawa dank u wel (hatur nuhun). haha

