Hatur nuhun Kang MH. Langkun jelas ayeuna mah 

Muhun kamari teh rada buru-buru mairan, da kajurung ku tagiwur, asa palaur 
sumber sajarah urang Sunda nu sakitu pentingna leungit. 

Atuh kitu mah pantun model A teh masih tiasa ilang nya? Kumaha nya tarekah 
urang? Nyeratan Gubernur/DPR kitu supaya ngolo Pa Anis?

Pamandang kuring mah, larangan diserat teh dielehkeun we sakali ieu mah ku 
lantaran darurat atawa pikeun tujuan nu langkung ageung (kalastarianana). Tiasa 
wae diseratna/direkamna mung sakali (misalna khusus pikeun koleksi perpustakaan 
Provinsi). Sabada eta mah teu kenging diseueurkeun deui.

Baktos,
Yudi


--- In [email protected], mh <khs...@...> wrote:
>
> hehehe, warta anyar kang yudi, ti PR poe ieu.
> upama diimeutan macana bakal katimu geura masalahna.
> 
> aya dua kategori pantun bogor cenag:
> a. pantun bogor gede
> b. pantun bogor leutik
> 
> nu salila ieu beredar di masuarakat, cenah kategori b, aya sapuluh judul.
> nu kategori a mah aya di bah anis, can kabuka ka umum.
> 
> nu jadi masalahna jiga nu dipake panganteur na serelek uing.
> toong deui geura.
> 
> ieu ringkesanana:
> =========
> Anis menjelaskan bahwa Pantun Bogor diwariskan dengan budaya tutur, ia
> dan almarhum Saleh Danasasmita dilarang keras mencatat saat menerima
> 
> Pantun Bogor:
> 1. Kalang Sunda Makalangan
> 2. Pakujajar Beukah Kembang
> 3. Pakujajar di Lawanggintung
> 4. Kujang di Hanjuang Siang
> 5. Dadap Malam Cimandiri
> 6. Pajajaran Seren Papak
> 7. Curug Sipadaweruh
> 8. Tunggul Kawung Bijil Sirung
> 9. Lawang Saketeng ka Lebak Cawene
> 10. Ronggeng Tujuh Kalasirna
> 
> Pantun Bogor:
> 1. Pantun Bogor Leutik
> Pantun Bogor Leutik berkisah sekitar kehidupan
> sehari-hari masyarakat Kerajaan Pajajaran atau tentang para putri raja
> dan kesatria.
> 
> 2. Pantun Bogor Gede
> Pantun Gede berkisah tentang ajaran agama Sunda, silsilah Raja Sunda,
> Uga, dan pola pemerintahan Kerajaan Sunda.
> 
> =========
> 
> 2010/3/1 yudi_irmawan <ade...@...>:
> > Nuhun Kang Dudi. Reugreug atuh ari kitu mah..
> > Seratan ngeunaan pa Anis nu diposting ku mh teh tos heubeul atuh nya?
> >
> > --- In [email protected], Dudi Herlianto <dudi.herlianto@> wrote:
> >>
> >> pantun bogor mah tos aya dina bentuk tinulis kang. mun teu lepat aya 7 
> >> buku.
> >>
> >> 2010/3/1 Yudi Irmawan <yudi_irmawan@>
> >>
> >> >
> >> >
> >> > Kalayan henteu ngirangan kaajrih ka nu ngaluhungkeun niley kabatinan 
> >> > pantun
> >> > Bogor, rada hanjakal eta pantun teu tiasa dialihkeun ka na seratan.
> >> > Araringgis bisi Pa Anis teu sempet ngawariskeun ka nu anom, da sakitu tos
> >> > sepuhna. Kacipta bakal lapur salasahiji seni nu ngarangkep sumber sajarah
> >> > tur lalacakan Pasundan.
> >> >
> >> > Mugi2 aya nu tiasa 'ngolo' pa Anis ngarah kersa ngawariskeun 
> >> > carios/hikayat
> >> > ieu dina cara sanes. Upami direkam audio/vidio kenging henteu nya?
> >> >
> >> > Baktos,.
> >> > Yudi
> >> >
> >> >  __._,
> >> > _._,___
> >> >
> >>
> >>
> >>
> >> --
> >> d-: dudi herlianto :-q
> >> kunyuk nuyun kuuk, kuuk nuyun kunyuk
> >>
> >
> >
> >
> >
> > ------------------------------------
> >
> > Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
> > Yahoo! Groups Links
> >
> >
> >
> >
>


Kirim email ke