Jang Lamsijan kaleungitan dompetna, mangkaning eusina salian duit, aya KTP,SIM, ATM, lima kartu kredit jeung STNK Motor. Manehna kacida keselna, pangpangna ku ATM da rek nyokot duit nu diperlukeun pisan. Untung ku babaturanana dibarejaan, coba tanyakeun ka Mama Lepus, dukun lepus ti luar kota nu kabeneran keur muka praktek di hiji kamar kos-kosan. Ceuk babaturanana, geus loba nu kaleungitan barang kaparanggih deui, alatan dibere pituduh ku Mama Lepus.
Rurusuhan Jang Lamsijan nuju ka kos-kosan tempat dukun lepus praktek. Pas tepi, manehna nempo aya jalma keur nangtung dihareupeun panto kamar kos-kosan nu dituju. "Punten, abdi bade ngadeuheus Mama Lepus", ceuk si Lamsijan bari rada haruhah-harehoh. "Mama lepus? Eta mah kuring, aya naon Jang, mani rurusuhan kitu?" "Aduh kaleresan pisan. Abdi teh kaleungitan dompet, hoyong kapendak dinten ieu keneh, Punten tulungan Mama, pasihan pituduh!", Jang Lamsijan ngalengis. "Isuk bae, teu bisa ayeuna mah!" "Aduh Mama, punten pisan, hoyong dinten ieu, seueur serat serat penting nu bade dianggo dinten ayeuna!" "Wayahna isuk wae Jang, ieu teh keur kokotengan neangan konci panto kamar praktek, ti kamari sore keneh acan kapanggih!" =WLY=

