Hahahaha, bisaan bah willy . Ti mana tah ngorehanana ?

--- In [email protected], "Waluya" <waluya2...@...> wrote:
>
> Jang Lamsijan kaleungitan dompetna, mangkaning eusina salian duit, aya 
> KTP,SIM, ATM, lima kartu kredit jeung STNK Motor.  Manehna kacida keselna, 
> pangpangna ku ATM da rek nyokot duit nu diperlukeun pisan. Untung ku 
> babaturanana dibarejaan, coba tanyakeun ka Mama Lepus, dukun lepus ti luar 
> kota nu kabeneran keur muka praktek di hiji kamar kos-kosan. Ceuk 
> babaturanana, geus loba nu kaleungitan barang kaparanggih deui, alatan dibere 
> pituduh ku Mama Lepus.
> 
> Rurusuhan Jang Lamsijan nuju ka kos-kosan tempat dukun lepus praktek. Pas 
> tepi, manehna nempo aya jalma keur nangtung dihareupeun panto kamar kos-kosan 
> nu dituju.
> 
> "Punten, abdi bade ngadeuheus Mama Lepus", ceuk si Lamsijan bari rada 
> haruhah-harehoh.
> 
> "Mama lepus? Eta mah kuring, aya naon Jang, mani rurusuhan kitu?"
> 
> "Aduh kaleresan pisan. Abdi teh kaleungitan dompet, hoyong kapendak dinten 
> ieu keneh, Punten tulungan Mama, pasihan pituduh!", Jang Lamsijan ngalengis.
> 
> "Isuk bae, teu bisa ayeuna mah!"
> 
> "Aduh Mama, punten pisan, hoyong dinten ieu, seueur serat serat penting nu 
> bade dianggo dinten ayeuna!"
> 
> "Wayahna isuk wae Jang, ieu teh keur kokotengan neangan konci panto kamar 
> praktek, ti kamari sore keneh acan kapanggih!"
> 
> =WLY=
>


Kirim email ke