Bebel kehed anjing babi bagong dan sebageynyah siah, lebok ku sia, letakan ku sia yeuh bool aing, ari tungtungna teh tampolong kaleng anak belut ditalian, tong ngomong gandeng urang gelut sakalian, mun uing gelut ramena jeung saha nya ? Jeung kang oman ? Embung teu wani ! Jeung MH ? Komo ! Jeung saha atuh ? Ah rek milih kumincir we sugan moal ngalawan !
________________________________ From: Abbas Amin <[email protected]> To: kisunda <[email protected]>; urangsunda <[email protected]> Sent: Fri, March 5, 2010 2:47:49 PM Subject: [kisunda] Basa Sunda - Nyarekan Kehed siah, bebel siah........ ........ baheula mah dikampung, sering pisan kadenge ucapan2 kieu teh. Eta teh cara2 Basa Sunda lamun nyarekan. Anu leuwih kasar deui, tapi arang kadenge : bangkawarah siah; haramjadah siah bangka warah teh ti na bangkar jeung warah. Bangkar teh paeh deui wae meureun. Jadi hartina tuna warah. bangkar warah, disakalikeun nyebutna jadi we bangkawarah. Budak baheula, nu ayeuna geus jadi aki, malah aya nambahan ku anjing jeung babi. Eta mah sigana rada anyar dibanding jeung bebel kehed mah. Nu jorok oge sok mindeng kadenge, waktu harita, nya eta cecer sia, itil sia. Mun nyarekan laklak dasar make ditambahan ku : Si beungeut gereba teh siah. Si moyodok teh siah. Si teu uyahan siah. Goblog maneh. Goblog jeung tolol, geus ilahar ti baheula diparake, nya lolobana mah ku barudak baong tea wee. Jeung duka kabiasaan urang Sunda, duka kumaha, lamun aya dua budak pasea memeh gelut teh, sok siga ucing silih herengan: Aeh siah, maneh wani ka aing, siah. Geus wani ngalawan siah. Ditembalan " Ti baheula oge aing mah teu sieun siah, sok rek kumaha ? + Aeh siah, ditampiling siah ku aing, leweh" - Naha make leweh, maneh nu bakal leweh mah, ditinggang siah." + kehed sia......... ..... - bebel siah........ ......... Ana rek garelut sok patarik tarik ngomong, bari culang cileung; da hayang dipisah. Eta kalakuan barudak leutik jaman baheula; nu ayeuna geus jaradi aki aki atawa tos maraot. Jeung ges ger gelut mah, nu cenah rek ninggang atawa nampiling teh, euweuh wee; nu aya papuket kawas nu gulat. Eta gelut jaman barudak baheula. Barudak baong baheula sok marandi di balong bak Masjid, padahal dipelakan LAUK, ku Mang Kulisi, mun kapanggih mah, teu tata pasini deui, pakean barudak dikunclungkeun ka balong bak, atuh balik rancucut. Mun kabeneran kaburu nempo barudak haranjat bari barulucun, belecet kalabur mani ting belecir. Mang Kulisi cocorowokan nyarekan : "Haramjadah, awas siah mun papanggih dipeuncit siah ku aing !" Bari siga nu rek ngudag, atuh barudak teh mani buntet2 wae lulumpatan. Tapi aya oge kajadian di Pabrik Aci/sakubiji; barudak tiluan maling, mesakan sakubiji keur gorengeun engke saentas maghris; dina kapanggih ku KI Muhammad Mandor Bah Coan bari nyorowoh : Eh barudak bangor, bebel siah, kehed siah; ditampilingan siah ku aing." Barudak nu tilu rek lalumpat; naek ka luhur, da sakubiji na dihandap. Budak nu hiji siga pisan lumpat TARIK, tapi nyatana ngan ukur lumpat ditempat. Nu dua budak sejenna lain lumpat malah nyakakak seuri lantaran nempo kaluan babaturanana nu hiji lumpat mani buntet2 tapi teu maju, lantaran kabawa ku sieun tea, kabur pangacian. Pek teh, si Ki Muhammad nempo kitu mah, teu jadi ambek, key er milu seuri. Tapi sakubijina mah dikaluarkeun kabehanana tina pesak. Terus baralik, bari sarepa. sieun aya, hayang seuri aya, Ieu teh kaalaman ku kuring waktu milu maling sakubiji Bah Coan, tapi nu kasima mah lain kuring. Babaturan kuring, ayeuna mah tos teu aya dikieuna.

