Kehed siah, bebel siah................
baheula mah dikampung, sering pisan kadenge ucapan2 kieu teh.
Eta teh cara2 Basa Sunda lamun nyarekan.

Anu leuwih kasar deui, tapi arang kadenge :
bangkawarah siah; haramjadah siah
bangka warah teh ti na bangkar jeung warah. Bangkar teh paeh deui wae meureun.
Jadi hartina tuna warah. bangkar warah, disakalikeun nyebutna jadi we 
bangkawarah.

Budak baheula, nu ayeuna geus jadi aki, malah aya nambahan ku anjing jeung babi.
Eta mah sigana rada anyar dibanding jeung bebel kehed mah.

Nu jorok oge sok mindeng kadenge, waktu harita, nya eta cecer sia, itil sia.

Mun nyarekan laklak dasar make ditambahan ku : Si beungeut gereba teh siah.
Si moyodok teh siah. Si teu uyahan siah. Goblog maneh.

Goblog jeung tolol, geus ilahar ti baheula diparake, nya lolobana mah ku barudak
baong tea wee.

Jeung duka kabiasaan urang Sunda, duka kumaha, lamun aya dua budak pasea
memeh gelut teh, sok siga ucing silih herengan:
Aeh siah, maneh wani ka aing, siah. Geus wani ngalawan siah.
Ditembalan " Ti baheula oge aing mah teu sieun siah, sok rek kumaha ?
+ Aeh siah, ditampiling siah ku aing, leweh"
- Naha make leweh, maneh nu bakal leweh mah, ditinggang siah."
+ kehed sia..............
- bebel siah.................
Ana rek garelut sok patarik tarik ngomong, bari culang cileung; da hayang 
dipisah.
Eta kalakuan barudak leutik jaman baheula; nu ayeuna geus jaradi aki aki atawa 
tos
maraot. Jeung ges ger gelut mah, nu cenah rek ninggang atawa nampiling teh, 
euweuh
wee; nu aya papuket kawas nu gulat. Eta gelut jaman barudak baheula.

Barudak baong baheula sok marandi di balong bak Masjid, padahal dipelakan LAUK,
ku Mang Kulisi, mun kapanggih mah, teu tata pasini deui, pakean barudak 
dikunclungkeun
ka balong bak, atuh balik rancucut. Mun kabeneran kaburu nempo barudak haranjat 
bari barulucun, belecet kalabur mani ting belecir. Mang Kulisi cocorowokan 
nyarekan :
"Haramjadah, awas siah mun papanggih dipeuncit siah ku aing !" Bari siga nu rek 
ngudag, atuh barudak teh mani buntet2 wae lulumpatan.

Tapi aya oge kajadian di Pabrik Aci/sakubiji; barudak tiluan maling, mesakan 
sakubiji
keur gorengeun engke saentas maghris; dina kapanggih ku KI Muhammad Mandor
Bah Coan bari nyorowoh : Eh barudak bangor, bebel siah, kehed siah; 
ditampilingan
siah ku aing."

Barudak nu tilu rek lalumpat; naek ka luhur, da sakubiji na dihandap. Budak nu 
hiji siga pisan lumpat TARIK, tapi nyatana ngan ukur lumpat ditempat. Nu dua 
budak sejenna lain lumpat malah nyakakak seuri lantaran nempo kaluan 
babaturanana nu hiji lumpat mani buntet2 tapi teu maju, lantaran kabawa ku 
sieun tea, kabur pangacian. 
Pek teh, si Ki Muhammad nempo kitu mah, teu jadi ambek, key er milu seuri.
Tapi sakubijina mah dikaluarkeun kabehanana tina pesak.
Terus baralik, bari sarepa. sieun aya, hayang seuri aya,
Ieu teh kaalaman ku kuring waktu milu maling sakubiji Bah Coan, tapi nu kasima
mah lain kuring. Babaturan kuring, ayeuna mah tos teu aya dikieuna.






      

Kirim email ke