saminggu katukang sikuring ngaliwat ka sabudeureun jalan Pantura antara Jateng jeung Jatim. Tegesna sabudeureun Pati, Rembang, Tuban jrrd. Aya anu rada menarik soal paimahan. Kapanasaran teh nempo bahan bangunan jiga bata tapi warnana teh bodas, jiga apu atawa cadas. Dina jero hate sikuring boga anggapan yen eta batu bata teh meureun dijieun tina campuran semen jeung apu wungkul, jadi we rupana bodas. Hipotesa lain, meureun batu bata atawa batako eta di cet atawa dipulas kuapu atawa semen bodas meureun. Tah kusabab panasaran pisan, sikuring nanya kababturan di kantor anu asalna ti Rembang. Manehna nyaritakeun yen eta batu bata teh lain dicitak, tapi dibentuk laias di pahat. Eta batu bata asalna tina batu gamping ti gunung apu cenah. Manehna oge nyaritakeun ngeunaan kakuatn eta material, cenah leuwih kuat tibatan batako anu biasa dijieun atawa di citak. Sikuring ge ngarti ari kitunamah, kngaranan batu gamping pasti teuasna jiga batu anu ilaharna. Kabeneran imah manehna oge dijieu tina material anu kitu. Tapi sifat negatifna, cenah lamun hayang maku eta tembok sok hese (ngaran batu dipaku pasti teuas jeung hese nancebna). Atuh pikeun ngakalan supaya bisa maku, nya atuh kandel aduk anu napel kena eta tembok sok dikandelan, supaya leuwih babari mun erek maku, sarupaning napelkeun jam dinding jrrd. Gening lamun urang boga bangunan anu kuat, ngahesekeun oge nya. Jiga imah walanda jaman baheulan anu di jieun tina batu supaya teu tembus ku pelor bedil.
cag ah... jangdede

