Salian ti maluruh kekecapan nu patali atawa bisa dipatalikeun jeung estetika, dina naskah sunda kuno (sewakadarma, sanghyang siksakandang karesian jeung amanat galunggung beunang saleh Danasasmita, Edi Ekadjati, spk), babasan jeung paribasa, jeung kosmologi sunda (sawareh ti naskah sunda kuno oge, jatiraga tea) oge di budaya sunda manggih kecap Waas. Asana ieu teh mangrupa atawa kaci disebut kecap konci, keywordna estetika sunda. Sabab salian ti ayana unsur fisik, cara nenjo pamandangan, nu fisik wungkul, terus eta ngepek ka manah, ka jero inside jiwa.
Jadi ngahudangkeun mangrupa-rupa parasaan gumantung kana kondisi urang. Ka arah sedih, melankolik cara tembang cianjuran, gumbira, jeung sajabana. Salah sahijina pangalaman atawa lalakon hirup sok marucunghul, siga film di langit pamandangan alam eta. Nya ari tungtungna mah nepi ka Nu Kawasa. Rasa syukur, rasa narimakeun jsb. Enya teu nya. Heuheu.

