Ngiringan ah Margi abdi mah diajar basa Sunda the seuseueurna tina wangkongan bin ngadangukeun janten ngahartoskeun kecap "waas" the hese, komo bari jeung ngagambarkeunana ka jalmi nu teu ngiring ngalaman kajantenana. Waas, hiji kaayaan nu tos kaalaman (biasana mah pangalaman nu ararendah) matak matri dina ati.
Sakaterang abdi mah waas tiasa ngagambarkeun kajantenan nu tos kaalaman, tapi tiasa oge ngagambarkeun nu bakal kaalaman. Contona hiji nini nyarios ka incuna. "Ih, budak the keur meujeuhna lucu, hanjakal rek miang iteuh geura kalahka ngawawaas, dungdak-dengdek sagala " kitu manawi, ro2 --- In [email protected], "mang jamal" <ja...@...> wrote: > > > Salian ti maluruh kekecapan nu patali atawa bisa dipatalikeun jeung > estetika, dina naskah sunda kuno (sewakadarma, sanghyang siksakandang > karesian jeung amanat galunggung beunang saleh Danasasmita, Edi Ekadjati, > spk), babasan jeung paribasa, jeung kosmologi sunda (sawareh ti naskah sunda > kuno oge, jatiraga tea) oge di budaya sunda manggih kecap Waas. Asana ieu > teh mangrupa atawa kaci disebut kecap konci, keywordna estetika sunda. Sabab > salian ti ayana unsur fisik, cara nenjo pamandangan, nu fisik wungkul, terus > eta ngepek ka manah, ka jero inside jiwa. > > Jadi ngahudangkeun mangrupa-rupa parasaan gumantung kana kondisi urang. Ka > arah sedih, melankolik cara tembang cianjuran, gumbira, jeung sajabana. > Salah sahijina pangalaman atawa lalakon hirup sok marucunghul, siga film di > langit pamandangan alam eta. > > Nya ari tungtungna mah nepi ka Nu Kawasa. Rasa syukur, rasa narimakeun jsb. > > Enya teu nya. Heuheu. >

