Cenah, Onta keur masyarakat sagara keusik, sato nu kacida pentingna. Ngan 
aya hiji pangadatanana nu goreng, lamun ngambek, sok mogok, ngedeprek embung 
nangtung. Kacaritakeun di Jalan di nagri Arab ( duka nagri Arab nu mana), 
aya lalaki keur ngusahakeun onta jaluna nu mogok, ngedeprek di tengah jalan, 
embung nangtung. Atuh jalan jadi macet, klakson mobil mani reang. Tapi si 
Onta keukeuh embung hudang. Teu kungsi lila tina mobil nu kahalangan turun 
wanoja geulis, nyampeurkeun, bari terus nanya: "Kunaon Pa?"

"Aduh Eneng, ieu onta teh teu daekkeun wae nangtung, nyusahkeun pisan!"

Si Wanoja geulis unggeuk-unggeukan: "Kabeneran kuring dokter hewan,  cik 
urang pariksa",  bari terus si Onta dipariksa, dirarampa mimiti tonggongna, 
terus beuteungna, terus katukang .....jerete teh onta ngejerte, terus 
nangtung ...serebet weh lumpat tarik pisan. Jalan nu tadina macet, jadi 
lancar deui, si nu boga onta nyampeurkeun ka Wanoja geulis: "Walah Si Eneng 
mani hebat, dikumahakeun eta teh Neng?"

"Ah gampang, dipencet we etana", ceuk si Eneng dokter teh daria, bari terus 
ngaleos ninggalkeun, nuju kana mobilna. Si nu boga Onta ngahuleng 
sakeudeung, tapi terus nunutur si Eneng Dokter.

"Rek naon Pak, bet nunutur wae, hayang naon deui?" Ceuk Si Eneng dokter  teh 
judes.

"Tadi saur Eneng, onta bapa teh dipencet etanana, tepi ka lumpat tarik 
pisan, kitu sanes?"

"Enya, terus?", ceuk Neng dokter.

"Tah upami kitu, punten pisan, pencet oge gaduh Bapa, ngarah Bapa oge tiasa 
lumpat tarik, tiasa ngudag onta nu mabur tadi", ceuk si Bapa teh ngalengis 
.....

=WLY=







Kirim email ke