Mungkin sarerea US pada ngarti naon nu disebut waas teh; tapi ana kudu
ngajelaskeun tangtu hesena teh, lantaran nu disebut waas teh fully emotion.
Waas lain ngagambarkeun pamandangan, tapi leuwih ka na kaayaan.
Kaayaan hiji kajadian nepi ka disebut waas.
Definisi nu disebutkeun di na Basa Inggris sigana deukeut pisan kana HARTI eta
Waas, da can puguh US oge bisa ngajelaskeun kalawan jentre nu disebut waas teh.
Hartina naon ? Hartina eta Urang Inggris nu ngadefinisikeun eta kecap enyaan
geus
neuleuman jero pisan parasaan jeung RASA Sunda. Kitu cek kuring mah.
Ayeuna urang papada nyoba ngadefinisikeun kecap WAAS tina obrolan nu biasa
kacatet
lamun nyebutkeun kecap WAAS.
Ki Udin keur ngariung dalahar jeung anak bojona; kabeneran harita lalabna
kipiit;
Ki Udin ngomong bari ngosom :"Emh, sok waas inget ka ama nu tos ngantunkeun;
da resep pisan ama mah kana lalab kipiit teh."
Punten maca kipiit kedah : KI PI IT. ulah kipit panjang pitna.
Aya deui obrolan sejenna :" Ayeuna urang keur di sisi basisir; sok waas harita
keur budak
keneh munggaran pisan nenjo laut, dibawa ku emang; ditutumgtun.
"kade ujang, ulah deukeut teuing ka sisi basisir bisi katarik ombak; mangkaning
gede
ombak laut kidul mah>" kuring ngan ukur unggeuk we.
Aya deui dangding :
Matak waas ulin dicidampit,
anu rea kacida bogona,
lauk emas sarta jeler,
turut sisina kampung,
mancarane trus tegal sapi,
terus maju beh lebak,
lebah gunung datu,
tinggarupay tangkal kiray,
mawa beas ngaliwat ka kandang sapi,
lalab jotang lameta.
Ieu ngawawaas waktu keur BOTRAM di Cidampit, terus si bujangga ngarang lagu eta.
Rah mangga nyanggakeun ka baraya sadaya. Eta kitu kecap waas teh.