Leres pisan nanaon teh kedah tataros heula nya,bilih lepat kena batuna,rumaos abdi oge sok seueur tatanya tapi kadang tos kitu oge masih keneh salah wae.panginteun horeameun ngajawabna,jadi panginteun di pilih anu mundel nembe dijawab atanapi di bahas...
Salam Baktos, Terkirim dari telepon Nokia saya -----Pesan Asli----- Dari: waluya Terkirim: 10-03-2010 13.06.22 Subjek: [Urang Sunda] [4S] Tatanya heula Dina beus kota nu pasedek-sedek, aya saurang panumpang nanya panumpang lalaki gigireunana, nu awakna seseg jeung buukna dicukur pondok purutul : " "Punten, Bapa teh pulisi?" Si Purutul: "Lain" Nu nanya : " Ah upami kitu mah, Angkatan Laut?" Si Purutul: "Laiin!" Nu nanya: " Angkatan Udara?" Si Purutul: " Laiiiin!" Nu nanya : "Ah katingalina mah, Angkatan Darat?" Si Purutul: " Eh lain, lain!" Nu nanya: "Umpama kitu, sia kurang ajar hah!" Si purutul ngarenjag, asa disentak teu puguh-puguh: "Aya naon kitu Pa?" Nu nanya: "Teu karasa ku sia kitu, cokor sia nincak suku aing, deuleu!" =WLY= ------------------------------------ Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links

