Dina beus kota nu pasedek-sedek, aya saurang panumpang nanya panumpang 
lalaki  gigireunana, nu awakna seseg jeung buukna dicukur pondok purutul : " 
"Punten, Bapa teh pulisi?"
Si Purutul: "Lain"
Nu nanya : " Ah upami kitu mah, Angkatan Laut?"
Si Purutul: "Laiin!"
Nu nanya: " Angkatan Udara?"
Si Purutul: " Laiiiin!"
Nu nanya : "Ah katingalina mah, Angkatan Darat?"
Si Purutul: " Eh lain, lain!"
Nu nanya: "Umpama kitu,  sia kurang ajar hah!"
Si purutul ngarenjag, asa disentak teu puguh-puguh: "Aya naon kitu Pa?"
Nu nanya: "Teu karasa ku sia kitu, cokor sia nincak suku aing, deuleu!"

=WLY=






Kirim email ke