Lamun urang katinggaleun berjama_ah terus milu jamaah ka nu geus ngalaksanakeun,
sah teu shalatna ?
Jawab : Pasti Sahna.
Lamun sah, naha sakabeh rakaatna milu ? Jawab : Sakabeh raka_at.
Lamun urang datangna TELAT teuing; di raka_at kahiji, terus milu ; karek
sakeudeung
Imam geus ruku ; kumaha tah ?
Jawab : Urang NIAT mah enggeus, terus we milu RUKU; lamun urang masih bisa maca
Fatihah, atawa Bismillah we saacan Fatihah; eta keuna ka na Hukum sah saraka_at.
Jadi akhirna kumplit raka_at sagemblengna jeung jama_ah.
Tapi Saratna teu MEUNANG Purat perot datangna; lamun purat perot, hukumna
Makruh;
tetep jadi kurang sarakaat, nu kudu diteruskeun dilengkepan raka_atna ku Ma_mum
nu anyar ieu.
Naha ti mana atawa ti saha cenah eta aturan teh ?
Jawab : Ti Ulama. Ari Ulama teh disebut waris ti Nabi; nya tangtu Ulama teh aya
tingkatanana; ti mimiti shahabi, terus Tabiit, Tabi'in, nepi ka Ulama jaman
kiwari.
Naon cenah tandana yen eta teh Ulama nu bisa dicekel ?
Jawab : Nu penting mah dua hal : 1. Qur_anĀ 2. Hadits ; lamun Ulama lumpat ka
dinya, nya ku urang bisa dipercaya yen eta teh ulama nu neruskeun Ulama ti Nabi
baheula.
Ari Qur_an mah geus jelas; kumaha ari Hadits ? Kapan eta mah obrolan jalma2 ?
Naha rek dicokot kitu wae , teu dipariksa heula ?
Jawab: Aya hiji cecekelan nu CESPLENG, nya eta lamun eta HADITS patukang
tonggong jeung Al Qur_an, tangtu eta Hadits PALSU, atawa teu bisa dicekel.
Lamun sajalan/salaras jeung Al Qur_an, tangtu eta Hadits benerna.
Kumaha lamun kalakuan sapopoena eta Ulama teu srek jeung hate urang ?
Jawab : NYa tong diiluan atuh ari teu srek mah, kapan sagala ge kudu Ihlas
jeung YAKIN.
Mun teu yakin, pasti teu ihlasna; sedeng kabeh ibadah ge INTINA mah kudu Ihlas.
Komo deui atuh mun urang rek TUMUT ka HIJI Ulama.
Sakitu wae heula, mudah2an aya mangfaatna. Bilih aya nu bade naros, mangga
Insya Allah bakal diwaler sakamampu kuring. Hehehehe, da pastina seueur nu
bakal nambihan/mairan , mun kuring teu mampu teh.