Waktu Kaisar Akhir Dinasti Han marentah, Management Pamarentahanana kacida
gorengna, sagala salah kaprah teh lain bobohongan. Kaisarna geus bingung milih
Mantri2na; aya nu pinter lolobana tukang gasab. Aya nu siga satia, tukang 
ngajilat.
Antara Mantri2 silih sigeung da hayang jadi pangnyongcolangna; pajeg nu ditarik 
ku
Nahara loba digasab saacan nepi ka Kas Nagara. Keur nutup kakurangan Anggaran 
Pajeg unggal taun dinaekeun. Atuh kacida sangsarana masyarakat waktu harita.
Pantes ti harita loba pisan nu baruntak oge. Antarana nu panggedena baruntak 
ieu, nya eta
Pambaruntak Pita Koneng. Loba Propinsi2 nu karebut ku ieu Kapala Gorombolan teh.
Loba oge Propinsi2 nu ngahaja implut ka ieu gorombolan pita koneng, nepi ka 
harita
kaayaan Nagara kacida harenghengna. Keur ngalawan ia nu baruntak, Kaisar 
ngaluarkeun
maklumat nu eusina Wajib Milisi, keur ngabela Nagara cenah.

Atuh loba Pamuda2 waktu harita nu asup Milisi, utamana nu barisa MEMPO, da ari
jelema atah2 mah pimanaeun meureun asup Milisi ieu. Antara nu jadi sukarelawan 
teh, aya nu istimewa dibanding jeung nu lianna, jelemana tiluan jarangkung 
badag sembada bosongot gede amprotan, samemeh asup daftar Milisi maranehanana 
geus paheut jangji rek saling bebela, bagja sarua papada bagja; mun susah bakal 
susah tiluanana. 
Ngaran nu tiluan, nya eta :
1. Lau Pie ( Liu Bai) masih katurunan Bangsawan Karajaan, lantaran She na sarua 
jeung
Kaisar; eta gew ari akina mah kaasup rengrengan pajabat nu luhur pangkat; dina 
Zaman Kaisar samemeh nu ayeuna. Tapi kusabab aya kasalahan nya dicopot 
pangkatna, bari
dirampas sagala kakayaanana. Atuh ti harita mah kulawarga Lau Pie teh masakat 
pisan.
2. Kwan Kong/Kwan In Tiang ( Guan Yu Mandarinna ) Saenyana buronan Pulisi, 
lantaran manehanana maehan hiji jelema jahat nu sok meres rahayat leutik, nu 
dibela ku Guan Yu; tapi masing ngabela oge tetep Guan Yu salah, nu matak 
kakaburan; nya panggih jeung
Lau Pie tea, sarua pada hayang jadi sukarelawan, terus we jadi dalit.Duanana 
silih hargaan.
3. Thio Hoei ( Zang Fei Mandarinna )
Ieu mah tukang jagal, nu oge boga restoran. Gede ambek teu kaopan; tapi 
ngahargaan pisan ka Lau Pie, nepi ka daek jadi sodara nu katilu; jeung milu 
sumpah tiluan jeung Guan Yu/Kwan Kong.
Samemeh nu tiluan arindit, ku sabab Thio Hui loba baladna, maranehna bisa mawa 
pasukan nu lobana 300 jelema, teu wudu sakitu ge kaasup loba. Pamuda2 nu dibawa 
teh lolobana mah murid2 Thio Hui; da sapropinsi tempat Thio Hui mah manehna 
pangjagona.

Caritana arasup we eta nu tiluan teh jeung pasukanana.Sanggeus sataun mah beres
we eta gorombolan pita koneng teh dibasmi; pimpinanna kabeh ditelasan.
Kabeh nu boga jasa dicatet ku tukang catet Nagara, terus dilaporkeun ka Mentri
Peperangan baris diteruskeun ka Kaisar , nu engkena bakal dibere hadiah gede ku
Kaisar.

Jasa ieu nu tiluan teh loba, tapi ku tukang catet teu ditepikeun, saeutik 
pisan; lantaran
nu tiluan mah teu boga duit keur nyogokna. Atuh ngan ukur dibere hadiah, nya 
eta jadi
Kapala Padukuhan. Thio Hui kukulutus, tapi dipeper ku Lau Pie.

Di na keur ramena mareuman nu baruntak, aya Hiji jelema ngaranna Choo Choo, ieu 
mah
Kapala Kaamanan Propinsi; jasana kaasup gede nya diangkat jadi Pejabat Luhur,
meureun ayeuna mah esselon tea.

Sanggeus kitu, Kaisar wafat, atuh geeer ribut deui, lantaran can aya nu bakal 
jadi ganti Kaisar, Kaisar teh putrana dua, duanana masih umur 8 taunan, jadi 
Kakawasaan diwalian ku Permaisuri.Nu asalna selir Utama, ku sabab bisa melet 
Kaisar, nya permaisuri ka I
digeser manehanana nu naek; tah waktu kakawasaan dicekel ku manehna; manehna 
ngangkat kulawargana keur nguatkeun posisi manehna di Nagara. Atuh beuki rame 
we nu silih sigeung dikarajaan teh. Nepi Ka Tentara2 pipilueun di na Bab 
Politik. Ku sabab sieun aya kudeta; Si Patinggi lanceuk Permaisuri manggil 
Raja2 Daerah pikeun nguatan Puseur Dayeuh. Ieu teh kasalahan gede; lantaran 
NGONDANG Careuh keur nungguan hayam.
Aya nu mapatahan, tapi teu ditolih. Nya akhirna mah kakawasaan teh pindah ka 
leungeun si Raja Muda nepi ka manehna wani ngangkat Kaisar Bocah ku manehna 
sorangan; menehanana ngangkat diri sorangan jadi Wali Kaisar. Permaisuri jeung 
kulawedetba ditelasan.

Hanca






      

Kirim email ke