Ahir-ahir ieu, kuring nitenan di dua milis, urangsunda jeung kisunda. asa loba nu kampanyeu nya?
Aya nu ngajak asup syiah, aya nu ngajak asup itu, asup ieu. Sanajan 'pangajak' na teh teu langsung, tapi ku cara nepikeun informasi hungkul. Ari kuring mah moal nyarek, pek teh teuing rek kampanyeu mah. Ngan lamun meunang, kuring rek usul, kumaha lamun anu dikampanyeukeun teh, ulah 'ajakan asup ka aliran kuring'. tapi 'ajakan jadi jalma anu bener, anu saluyu jeung fitrah agama islam salaku rahmatan lilalamin.' teu kudu ngajelaskeun, aliran ieu kieu, aliran itu kitu. conto sederhanana kieu: "baraya, waktuna sholat lohor. urang solat yu, ulah poho urang du'akeun baraya urang anu keur meunang musibah longsor, lini, jsb. oge urang du'akeun baraya urang anu keur perang ngalawan pihak anu rek nganiaya maranehna, boh di timur tengah atawa di asia tengah, pon kitu di afrika." conto sejena, baraya, di lembur kuring loba jalma fakir. saha baraya anu boga harta leuwih, bisi rek infaq. Infaqna mangrupa modal usaha, dagang bubur hayam misalna. Jsb.

