Sapuk kana saran KI, atuh mun rek ujak ajak mah kantun diteundeun we alamat 
webna, saperti biasa mun rek padungdengan nya lumpat we ka  milisgrupna. 
Powered by Telkomsel BlackBerry®

-----Original Message-----
From: irpan rispandi <[email protected]>
Date: Fri, 12 Mar 2010 15:20:55 
To: <[email protected]>
Cc: <[email protected]>
Subject: [kisunda] kampanyeu aliran islam

Ahir-ahir ieu, kuring nitenan di dua milis, urangsunda jeung kisunda. 
asa loba nu kampanyeu nya?

Aya nu ngajak asup syiah, aya nu ngajak asup itu, asup ieu.
Sanajan 'pangajak' na teh teu langsung, tapi ku cara nepikeun informasi 
hungkul.

Ari kuring mah moal nyarek, pek teh teuing rek kampanyeu mah.

Ngan lamun meunang, kuring rek usul, kumaha lamun anu dikampanyeukeun 
teh, ulah 'ajakan asup ka aliran kuring'. tapi 'ajakan jadi jalma anu 
bener, anu saluyu jeung fitrah agama islam salaku rahmatan lilalamin.'

teu kudu ngajelaskeun, aliran ieu kieu, aliran itu kitu.

conto sederhanana kieu:
"baraya, waktuna sholat lohor.  urang solat yu, ulah poho urang du'akeun 
baraya urang anu keur meunang musibah longsor, lini, jsb. oge urang 
du'akeun baraya urang anu keur perang ngalawan pihak anu rek nganiaya 
maranehna, boh di timur tengah atawa di asia tengah, pon kitu di afrika."

conto sejena,
baraya, di lembur kuring loba jalma fakir. saha baraya anu boga harta 
leuwih, bisi rek infaq. Infaqna mangrupa modal usaha, dagang bubur hayam 
misalna.


Jsb.







Kirim email ke