Ngiringan ah* Eta barang naon nu ageung teh Mang? (janten emut ka pun biang, sami teu nya dongengna kitu?) nu jelas sanes kupat raksasa* heuheu* Naha ngadamel kupat wae mani diwilah-wilah dumasar kana gender?
Nyaan ni hoyong abdi mah tiasa ngadamel kupat, diajar ge teu tiasa-tiasa da tina gambar, jigana kedah guguru langsung kanu tiasa. Keuheul tuda, Rayangung dua taun kamari milarian kupat kuat ka teu aya*. Aya oge, tapi ngantri nu ngantosan mani panjang & pangaosna uluh*?! ni awiz, biasana Rp. 2.000/10 siki janten Rp. 4.000! Matak ngagedur na dada, hoyong janten "pengusaha" kulit kupat usuman hihih... cepot dewala kupat kapit kanu bala heheh* ro2 nb : nyanggakeun cara ngadamel kupat tea... >>> [email protected] 03/12/10 04:05PM >>> 2010/3/12 Irfan Ubaidilah <[email protected]> punten ah.kuring rek tumanya, naha ari kupat,hususna rek lebaran nyieun kupat, eta kaasup kabudayaan (kuliner) urang (Indonesia)? Naon pakaitna "kupat" jeung "udud". Tapi kajeun ah, uing nyobaan noong kupat-kapit. Jigana enya kupat teh khas Indonesia. Baheula di lembur, kamaheran nyieun kupat teh sipatna "wajib" keur budak lalaki. Ngan duka teuing keur budak awewe mah sunat atawa wajib. Mun budak lalaki teu bisa nieun kupat, sok disingsieunan, enge lamun paeh cenah kudu daek ngagotong hiji barang nu kacida badagna. Kulantaran kitu, nya kapaksa sok diajar nieun kupat, oge nu sejenna. Kupat keur urang Sunda baheula, lain wae dijieun keur usum lebaran, tapi jadi salah sahiji kadaharan nu wajib aya dina acara ritual sejenna. Jiga usum sidekah Mulud, Rewah, oge Rayagung. Kitu deui mun aya salametan rek ngadegkeun imah, kupat, leupeut jeung dupi alias tangtang angin tea, wajib aya. -mh-

