Hahahahaha, ieu mah enyaan ngeunah seuri euy. Bisaan eta kang Luigi.
Apana resep ka na sepak bola panginten nya ? Fan na ka Italy ? leres teu ?
Hahahahaha, najan telat ; lumayan masih bisa nyakakak

--- On Fri, 3/12/10, Luigi Pralangga <[email protected]> wrote:

From: Luigi Pralangga <[email protected]>
Subject: [Urang Sunda] Lotek jepang...
To: [email protected]
Date: Friday, March 12, 2010, 10:42 AM







 



  


    
      
      
      LOTEK JEPANG

Abah jalan-jalan jeung urut kabogoh ka TOKYO 
Jepang.
Geus jam 2 beurang 
can dahar wae, atuh puguh lapar pisan.

Mah lapar henteu?, ceuk Abah
Ih puguh atuh, ieu beuteung mani kukurubukan 
kieu
Wah lamun aya restoran Padang mah 
ngeunah meureunâ
Enya nya, biasana 
gancang, teu perelu mesen heula
Tuh aya 
restoran nu palayana make robot!
Enya 
nya, make robot mah sigana gancang disuguhkeunana
Kacaritakeun, sup weh ka restoran robot
diuk pahareup-hareup jeung urut kabogoh 
Abah.
Enya nya palayana tÃh 
robot.
Robot datang ngadeukeutan, pek 
ngomong :
What is your nationality? robot 
nanya.
Indonesiaâ,.. ceuk Abah teh bari 
aheng.
Selamat datang, ceuk robot bari 
make bahasa Indonesia.
Apa bahasa suku 
Anda?, robot nanya deui.
Sunda, ceuk 
Abah.
Wehh geuning hade iuemah robot teh 
langsung di artikeun,..nya mah
geus 
otomatis deui nya bah,...
Wilujeng 
sumping. Bade pesen naon?ceuk robot make basa Sunda.
Aya lotek?, ceuk urut kabogoh nanya ka 
robot.
Ayaâ
Pesen dua porsi
Porsi ageung atanapi alit?
Porsi ageung

Sabaraha cÃngÃkna?
Nu hiji dua, nu hiji sapuluh
Nganggo 
kangkung?
Enyaâ
Nganggo 
waluh?
Enyaâ
Nganggo engkol?
Enyaâ
Bade engkol 
ti China atanapi asli Jepang?
Nu mana 
waee lah !!, Abah mimiti rada ambek.
Kacangna bade direndos atanapi di 
blender?
Kumaha sia ! bari jeung keheul 
si abah teh
Kacangna setengah mateng 
atanapi mateng?
Goreng sing garing!Abah 
sesengor tarik pisan.
Nganggo goreng 
bawang henteu?
Dibungkus daun cau atanapi 
dipiringan?
Dipiringan !
Lisahna margarine atanapi lisah kalapa?
Jalantah kuya !bari ambek da geus aya sapuluh 
menitna.
Robot cicing, lampuna 
buburinyaian, sigana mah keur proses.
Kira-kira tilu menitan kakara robot téh ngomong deui 
:
Hatur nuhun. Pesenan katampi. Mung teu 
tiasa dicumponan
Naha? Geus lila-lila 
tanya-jawab teu bisa dilaksanakeun?
Kumargi teu acan aya jalantahna
goblog maneh teh robot hayang di podaran ku 
aink,......arghhhhh-- Luigi Pralangga
c/o. United Nations Mission in Liberia (UNMIL)
Procurement Section,  Via Diplomatic Mail

PO Box 4677 Grand Central Station
New York, NY 10163-4677, USA
Web - http://pralangga. org


PS: Carita sontolo nu sejen aya tersedia nganggo kol, peteuy, lain-lain di 
warung peacekeepers ---> http://pralangga. org/articles


    
     

    
    


 



  






      

Kirim email ke