LOTEK JEPANG

Abah jalan-jalan jeung urut kabogoh ka TOKYO Jepang.

Geus jam 2 beurang can dahar wae, atuh puguh lapar pisan.

Mah lapar henteu?, ceuk Abah
Ih puguh atuh, ieu beuteung mani kukurubukan kieu
Wah lamun aya restoran Padang mah ngeunah meureunâ
Enya nya, biasana gancang, teu perelu mesen heula
Tuh aya restoran nu palayana make robot!
Enya nya, make robot mah sigana gancang disuguhkeunana
Kacaritakeun, sup weh ka restoran robot
diuk pahareup-hareup jeung urut kabogoh Abah.
Enya nya palayana tÃh robot.
Robot datang ngadeukeutan, pek ngomong :
What is your nationality?robot nanya.
Indonesiaâ,.. ceuk Abah teh bari aheng.
Selamat datang, ceuk robot bari make bahasa Indonesia.
Apa bahasa suku Anda?, robot nanya deui.
Sunda, ceuk Abah.
Wehh geuning hade iuemah robot teh langsung di artikeun,..nya mah
geus otomatis deui nya bah,...
Wilujeng sumping. Bade pesen naon?ceuk robot make basa Sunda.
Aya lotek?, ceuk urut kabogoh nanya ka robot.
Ayaâ
Pesen dua porsi
Porsi ageung atanapi alit?
Porsi ageung
Sabaraha cÃngÃkna?
Nu hiji dua, nu hiji sapuluh

Nganggo kangkung?
Enyaâ
Nganggo waluh?
Enyaâ
Nganggo engkol?
Enyaâ
Bade engkol ti China atanapi asli Jepang?
Nu mana waee lah !!, Abah mimiti rada ambek.
Kacangna bade direndos atanapi di blender?
Kumaha sia ! bari jeung keheul si abah teh
Kacangna setengah mateng atanapi mateng?
Goreng sing garing!Abah sesengor tarik pisan.
Nganggo goreng bawang henteu?
Dibungkus daun cau atanapi dipiringan?
Dipiringan !
Lisahna margarine atanapi lisah kalapa?
Jalantah kuya !bari ambek da geus aya sapuluh menitna.
Robot cicing, lampuna buburinyaian, sigana mah keur proses.
Kira-kira tilu menitan kakara robot téh ngomong deui :
Hatur nuhun. Pesenan katampi. Mung teu tiasa dicumponan
Naha? Geus lila-lila tanya-jawab teu bisa dilaksanakeun?
Kumargi teu acan aya jalantahna
goblog maneh teh robot hayang di podaran ku aink,......arghhhhh

-- 
Luigi Pralangga
c/o. United Nations Mission in Liberia (UNMIL)
Procurement Section,  Via Diplomatic Mail
PO Box 4677 Grand Central Station
New York, NY 10163-4677, USA
Web - http://pralangga.org

PS: Carita sontolo nu sejen aya tersedia nganggo kol, peteuy, lain-lain di
warung peacekeepers ---> *http://pralangga.org/articles*

Kirim email ke