Salah sahiji nu ngajadikeun Umat Islam loba nu KUFUR, pindah tangtungan nya eta
lantaran nenjo papaseaan antara aliran A jeung aliran B, C padahal Islam2 keneh.

Baheula US ( Kolot baheula ); narima Islam kudua leungeun, bari jeung hormat, 
lantaran
cenah eta agama lempeng nu dibawa ku Muhammad SAW. Jadi waktu harita urang
Kampung (US), narima nu mana wae asal ISLAM, da boro2 aya kanyaho kapan kana 
Syi'ah, Sunnah. Komo deui ka Mu_tazillah, lebeng pisan.

Jadi US mah waktu harita, nyahona teh ISLAM wee, teu nyaho aya Syi_ah , Sunnah 
jst.
Kaayeunakeun loba nu nyaho aya Wahabi, aya Syi_ah, aya Tharekat, jrrd. Tah US
lieureun, apatis we. Jadi mun aya US Islam bari teu ngarti shalat2 acan, jaman 
kiwari,
ulah helok; lantaran memang teu kapikir kadinya; da kapan aya nu nyebutkeun tah 
ieu
yeuh Islam nu bener mah; nu eta mah nyeleweng. Akhirna cul we Islam teh 
ditinggalkeun.

Saha nu SALAH ?
Nya PASTINA ge para Ulama, lantaran teu bisa mawana; kabuktian ayeuna mah.
Pek we tempo di na masalah Politik, Kapan Patey Islam mah pang moyodokna.
Da samemeh kampanye Politik teh DAKWAH heula nu bener; lamun DAKWAH bener,
tangtu loba jelema nu kataji ku Islam; tapi lamun NGAJAKNA ka na papaseaan; 
marebutkeun cenah mah bebeneran; nya akhirna mah Islam ngorotan.

Padahal Dakwah mimiti mah kapan Moal aya Gusti nu disembah Iwal ti Allah; jeung
Nabi Muhammad utusan Allah. Tapi nah ayeuna ngabingungkeun pisan ? Padahal
mun diajar tea mah kakara rek ngawanohan ka Islam teh; ari asup der diajak 
pasea;
nya atuh hasilna geus pasti moyodokna. Itu ieu hayang kapeto PANGBENERNA.

Bener eta ge nu nyekel hiji SEKTE Islam kudu YAKIN ka na BENERNA nu dicekel,
ngan kudu ati2 pisan di na ngadakwah na. Lantaran salah2 malah jadi PROVOKATOR
nu ngalantarankeun mundurna ISLAM; pan akhirna lain meunang PAHALA tapi DOSA.
Jeung deui URANG ( utamana para pamimpin Agama, sekte mana wae); kudu bisa
ngahargaan kana kayakinan cekelan Batur; ulah SIGA nu MAKSA.Yen cecekelanana
nu pangbenerna.

Katambah deui, di Nusantara ieu, lain di Sunda wungkul; salian ti Wahhabi, 
Syiah, Sunni,
aya GOLONGAN sejen, anu Islam tapi teu daek ngiblat ka mana oge. Boh Ka ISLIB, 
boh
ka NU, Persis atawa Muhammadiyah; kitu deui maranehanana lain Tharekat; pokona
ISLAM diluar Islam nu aya. Cecekelan sarua Qur_an jeung Hadits.
Ieu sekte naon ? NNYa SEKTE Islam, ngan teu DAKWAH; paling2 Dakwah nitah
shalat. Kumaha cenah shalatna ? Rek nurutkeun nu mana wae sah, asal yakin; jeung
shubuh 2 rakaat; Maghrib 3 rakaat; Asar/Isy/Lohor opat rakaat. Pek we kumaha 
dinya,
saterusna mah. Ulah we shubuh jadi 7 rakaat misalna.

Samangsa sarua ibadah lima waktu; nya eta cecekelanana.

Naon cenah sektena ? Euweuh. Teu boga sekte. Pokona ISLAM we.

Cenah aya perbedaan Paham di Islam ?
Kuma dinya; asal ulah ngaruksak syahadat.
Tah golongan nu kieu teh ayeuna loba oge; kadangkala disangka Muhammadiyah' 
kadang2 disangka NU; kadang2 disangka Tharekat atawa sufi; tapi saenyana 
maranehna ISLAM
tapi teu ilubiung ka nu sejen.

Jeung teu ngajadikeun BISAna Elmu ISLAM ngajadikeun DUIT.
Maranehanana diajar ELMU Ihlas tea. Eta intina mah.

Parunten upami tulisan ieu ngaganggu ka sadayana.

Wassalam
Abbas Amien
Balikpapan.





      

Kirim email ke