Duka leres duka salah naha ari baheula nekenkeun kana adu amal ari ayeuna kana adu elmu? Powered by Telkomsel BlackBerry®
-----Original Message----- From: Abbas Amin <[email protected]> Date: Fri, 12 Mar 2010 16:58:45 To: kisunda<[email protected]>; urangsunda<[email protected]> Subject: [kisunda] Islam beuki turun Salah sahiji nu ngajadikeun Umat Islam loba nu KUFUR, pindah tangtungan nya eta lantaran nenjo papaseaan antara aliran A jeung aliran B, C padahal Islam2 keneh. Baheula US ( Kolot baheula ); narima Islam kudua leungeun, bari jeung hormat, lantaran cenah eta agama lempeng nu dibawa ku Muhammad SAW. Jadi waktu harita urang Kampung (US), narima nu mana wae asal ISLAM, da boro2 aya kanyaho kapan kana Syi'ah, Sunnah. Komo deui ka Mu_tazillah, lebeng pisan. Jadi US mah waktu harita, nyahona teh ISLAM wee, teu nyaho aya Syi_ah , Sunnah jst. Kaayeunakeun loba nu nyaho aya Wahabi, aya Syi_ah, aya Tharekat, jrrd. Tah US lieureun, apatis we. Jadi mun aya US Islam bari teu ngarti shalat2 acan, jaman kiwari, ulah helok; lantaran memang teu kapikir kadinya; da kapan aya nu nyebutkeun tah ieu yeuh Islam nu bener mah; nu eta mah nyeleweng. Akhirna cul we Islam teh ditinggalkeun. Saha nu SALAH ? Nya PASTINA ge para Ulama, lantaran teu bisa mawana; kabuktian ayeuna mah. Pek we tempo di na masalah Politik, Kapan Patey Islam mah pang moyodokna. Da samemeh kampanye Politik teh DAKWAH heula nu bener; lamun DAKWAH bener, tangtu loba jelema nu kataji ku Islam; tapi lamun NGAJAKNA ka na papaseaan; marebutkeun cenah mah bebeneran; nya akhirna mah Islam ngorotan. Padahal Dakwah mimiti mah kapan Moal aya Gusti nu disembah Iwal ti Allah; jeung Nabi Muhammad utusan Allah. Tapi nah ayeuna ngabingungkeun pisan ? Padahal mun diajar tea mah kakara rek ngawanohan ka Islam teh; ari asup der diajak pasea; nya atuh hasilna geus pasti moyodokna. Itu ieu hayang kapeto PANGBENERNA. Bener eta ge nu nyekel hiji SEKTE Islam kudu YAKIN ka na BENERNA nu dicekel, ngan kudu ati2 pisan di na ngadakwah na. Lantaran salah2 malah jadi PROVOKATOR nu ngalantarankeun mundurna ISLAM; pan akhirna lain meunang PAHALA tapi DOSA. Jeung deui URANG ( utamana para pamimpin Agama, sekte mana wae); kudu bisa ngahargaan kana kayakinan cekelan Batur; ulah SIGA nu MAKSA.Yen cecekelanana nu pangbenerna. Katambah deui, di Nusantara ieu, lain di Sunda wungkul; salian ti Wahhabi, Syiah, Sunni, aya GOLONGAN sejen, anu Islam tapi teu daek ngiblat ka mana oge. Boh Ka ISLIB, boh ka NU, Persis atawa Muhammadiyah; kitu deui maranehanana lain Tharekat; pokona ISLAM diluar Islam nu aya. Cecekelan sarua Qur_an jeung Hadits. Ieu sekte naon ? NNYa SEKTE Islam, ngan teu DAKWAH; paling2 Dakwah nitah shalat. Kumaha cenah shalatna ? Rek nurutkeun nu mana wae sah, asal yakin; jeung shubuh 2 rakaat; Maghrib 3 rakaat; Asar/Isy/Lohor opat rakaat. Pek we kumaha dinya, saterusna mah. Ulah we shubuh jadi 7 rakaat misalna. Samangsa sarua ibadah lima waktu; nya eta cecekelanana. Naon cenah sektena ? Euweuh. Teu boga sekte. Pokona ISLAM we. Cenah aya perbedaan Paham di Islam ? Kuma dinya; asal ulah ngaruksak syahadat. Tah golongan nu kieu teh ayeuna loba oge; kadangkala disangka Muhammadiyah' kadang2 disangka NU; kadang2 disangka Tharekat atawa sufi; tapi saenyana maranehna ISLAM tapi teu ilubiung ka nu sejen. Jeung teu ngajadikeun BISAna Elmu ISLAM ngajadikeun DUIT. Maranehanana diajar ELMU Ihlas tea. Eta intina mah. Parunten upami tulisan ieu ngaganggu ka sadayana. Wassalam Abbas Amien Balikpapan.

