Tah eta nu disebut istilah RIYA tea teh

--- On Sat, 3/13/10, jangdede <[email protected]> wrote:

From: jangdede <[email protected]>
Subject: Re: [Urang Sunda] Nyaho-Ngarti-Bisa-Tuman
To: [email protected]
Date: Saturday, March 13, 2010, 3:05 AM







 



  


    
      
      
      Hade pisan bah eta atikan kahirupan teh. Tah nu jadi masalah dina bagian 
"tuman". Pan gening urang mahh sok keuna ku owah gingsir, keur rame mah der 
dilakonan, ari keur simpe mah eh..hare hare we.
 
salam
jangdede

 
2010/3/12, oman abdurahman <omana...@gmail. com>:

  




Baraya,

Tadi beurang ti mimiti jam 8 nepi ka jam 11.45, dina acara "saresehan 
kepedulian bersama terhadap bencana di Jawa Barat" tea,  salah saurang anu 
biantara (narasumber) teh nya Kang Iwan Abdulrachman -ex Bimbo anu nelah "abah 
Iwan". Dina eta acara, kang Iwan ngadugikeun rumus hirup anu salami ieu 
dicepeng ku anjeunna. 


"Teu luhur-luhur da memang teu bisa kuring mah, ngan eta bae dina lebah 
migawean naon anu sakuduna, sok inget kana nasehat ti guru silat kuring, urang 
Cianjur", saur abah Iwan muka carita."Nu jadi guru teh hiji waktu maparin 
nasehat pakait jeung ngalakonan perkara anu sakuduna atawa kahadean, ka kuring. 
Kieu nasehatna teh: 'Mun geus nyaho can tangtu ngarti, mun geus ngarti, can 
tangtu bisa, mun geus bisa can tangtu tuman. Tah, migawean naon anu sakuduna 
atawa kahadean mah kudu nepi ka tuman, teu cukup nepi ka bisa, komo ukur nepi 
ka nyaho atawa ngarti mah". Kitu kurang leuwih pedaran abah saterasna.


Saterusna, dereded abah Iwan ngajelaskeun yen sanggeus diilo jeung ditimbang ku 
pangalaman hirup anu panjang nepi danget ieu, horeng eta nasehat anu jadi guru 
teh taya lian ti falsafah atikan. Tegesna, kumaha sangkan eusi atikan anu hade 
teh jadi pangaweruh jeung kayakinan anu nerap dina tingkah laku sapopoe, alias 
jadi kabiasaan (patumanan), taya lian ku cara mahamkeun bedana antara "nyaho", 
"ngarti", "bisa" jeung "tuman", laju ngalarapkeun naon anu sakuduna. 


Hatur nuhun abah. Tetela geuning, dina hal atikan mah basa Sunda geus cukup 
taliti.

manar
   
. 

 
 






    
     

    
    


 



  






      

Kirim email ke