Kang Dede,

Ciamis sareng Tasik, oge Bandung kidul, Cianjur kidul kalebet daerah rawan
bencana longsor. Anu jadi soal, pikeun usaha mitigasi anu langkung mere
harepan kana hasilna (indikatorna: teu aya korban jiwa nalika kajadian
bencana), merlukeun peta anu leuwih rinci, oge kumaha sangkan eta peta jeung
tanda-tanda daerah rawan nepi jeung kapaham ku masyarakat, laju masyarakat
saladar henteu nyieun pamukiman di eta daerah bencana.

Upama tetep nyarieun imah atawa pamukiman di eta daerah rawan, nya kudu
sadar atuh yen di wewengkonna aya ancaman bahaya, sanggeus sadar laju aktif
ngaronda bari nitenan tanda2 pibencanaeun, laju aktif ngabewarakeun ka
sakumna warga lamun eta tanda2 bencana tambah atra, laju sakabeh warga
kampung dina waktuna perlu kudu daraek ngungsi. Tah ieu anu disebut mtigasi
bencana anu mandiri teh. Anu dimimitian ku usaha pamarentah ngayakeun
sosialisasi jeung bimbimbingan sangkan msyarakat, make istilah abah Iwan -
nyaho, geus nyaho laju ngarti, geus ngarti terus bisa, geus bisa tuluy
tuman. Lamun geus tuman, leuwih gede harepan kana salametna warga di daerah
rawan bencana tina ancaman bencana.

Cag heula.

manar

2010/3/15 jangdede <jangd...@gmail.com>

>
>
> Bah nu kasebut rawan bencana teh mana bae? Ciamis jeung Tasik aya potensi?
>
> nuhun
> jangdede
>
>
> 2010/3/15, oman abdurahman <omana...@gmail.com>:
>
>>
>>
>> Baraya,
>>
>> Tina Riungan Gd Sate ngeunaan Bencana: (1) Panganteur
>>
>>
>>
>> Baraya,
>>
>> Poe Juma'ah, 12 Maret 2010 minggu kamari aya acara anu cukup penting di
>> kota Bandung kalayan anu jadi candolina (nu boga hajatna) nyaeta Pamarentah
>> Provinsi Jabar. Ieu acara diaranan "saresehan kepedulian bersama terhadap
>> mitigasi bencana" dilaksanakeun di rohangan Pangrango, Gedung Sate, komplek
>> gubernuran Jabar, Bandung, ti jam 8 nepi ka jam 12 wib (ari anggeus acara,
>> ari ngong adza Juma'ahan).
>>
>>
>> Acara anu kasebut di luhur minangka “round table” munggaran dina raraga
>> usaha pikeun ngurangan korban alatan bencana alam. Ieu acara dibageakeun
>> laju dibuka kalawan resmi ku Gubernu Jabar, Bp. H. Ahmad Heryawan. Acara
>> ditutup ku H. Sobirin, salah saurang aktivis lingkungan hidup Jabar di
>> Bandung.
>>
>> Dina eta acara hadir tur biantara opat narasumber kalawan dikawitan ku
>> Kang Iwan S (Ketua BPLHD Jabar) anu ngadugikeun roadmap saresehan. Narasumber
>> anu 4 teh nyaeta:
>>
>>
>> 1. Bp Sukhyar ti Badan Geologi, ngadugikeun potensi bencana alam di Jabar;
>>
>>
>> 2. Kang Ridwan Kamil, ngadugikeun perkara "community development" dina
>> raraga mitigasi (ngurangan risiko) bencana;
>>
>> 3. Kang HR Hidayat Suryalaga (abah Surya), ngadugikeun materi mitigasi
>> bencana numutkeun budaya; sareng
>>
>> 4. Kang Iwan Abdulrachman (abah Iwan) ngadugikeun pasoalan mitigasi
>> bencana numutkeun pangwangunan sosial.
>>
>>
>> Anapon moderator acara nyaeta bp Imam A Sadisun ti itb sareng bp Sobirin.
>>
>>
>>
>> Ieu acara diluuhan ku kl 150 uleman ti rengrengan wakil-wakil Pamarentah
>> Daerah, instansi-intansi Pamarentah anu pakait, LSM, peguruan tinggi,
>> pemerhati, para wartawan jeung uleman sanesna. Anu hadir sakitu jumlahna
>> tetep lengkep nepi ka acara rengse tabuh 12 siang.
>>
>>
>> Dina sela-sela acara, Kang Iwan Abdulrachman ngahaleuangkeun kawih-kawih
>> ciptaan anjeunna nalika anjeunna sareng kanca-kancana nuju ngaevakuasi
>> korban bencana dina sababaraha kajadian bencana.
>>
>>
>> Acara ditutup ku ikrar babarengan anu dibacakeun ku abah Iwan. Eusi ikrar
>> nya eta patekadan jeung lengkah tindakan pikeun rereongan merhatikeun
>> masalah-masalah bencana alam, ngurangan risiko bencana alam, miara alam,
>> mere bantuan tur mulihkeun ka anu jadi korban bencana alam ku usaha-usaha
>> sinergi anu didasarkeun kana kaarifan lokal, sosial budaya jeung lianna,
>>
>> Sugan aya waktu, ka hareup mudah-mudahan bisa katepikeun
>> kacindekan-kacindekan penting ti masing-masing narasumber anu kasebut bieu.
>>
>> Tapi, anu pang pentingna tina acara di luhur teh teu aya lian ti
>> lajuninglaku (follow up) sangkan masyarakat anu dumuk di lokasi-lokasi
>> potensi bencana bisa praktek langsung mitigasi (usaha-usaha pikeun
>> nyinglarkeun bencana atawa ngurangan risiko bencana kana tingkat anu minimal
>> teu aya korban jiwa).
>>
>> manar
>>
>>
>>
>>
>>
>  
>

Kirim email ke