Wah gening lembur kuring oge kaasup. Jigana mun aya peta anu leuwih rincimah eta gede pisan kagunaanana.
Hatur nuhun bah! salam jangdede 2010/3/15 oman abdurahman <[email protected]> > > > Kang Dede, > > Ciamis sareng Tasik, oge Bandung kidul, Cianjur kidul kalebet daerah rawan > bencana longsor. Anu jadi soal, pikeun usaha mitigasi anu langkung mere > harepan kana hasilna (indikatorna: teu aya korban jiwa nalika kajadian > bencana), merlukeun peta anu leuwih rinci, oge kumaha sangkan eta peta jeung > tanda-tanda daerah rawan nepi jeung kapaham ku masyarakat, laju masyarakat > saladar henteu nyieun pamukiman di eta daerah bencana. > > Upama tetep nyarieun imah atawa pamukiman di eta daerah rawan, nya kudu > sadar atuh yen di wewengkonna aya ancaman bahaya, sanggeus sadar laju aktif > ngaronda bari nitenan tanda2 pibencanaeun, laju aktif ngabewarakeun ka > sakumna warga lamun eta tanda2 bencana tambah atra, laju sakabeh warga > kampung dina waktuna perlu kudu daraek ngungsi. Tah ieu anu disebut mtigasi > bencana anu mandiri teh. Anu dimimitian ku usaha pamarentah ngayakeun > sosialisasi jeung bimbimbingan sangkan msyarakat, make istilah abah Iwan - > nyaho, geus nyaho laju ngarti, geus ngarti terus bisa, geus bisa tuluy > tuman. Lamun geus tuman, leuwih gede harepan kana salametna warga di daerah > rawan bencana tina ancaman bencana. > > Cag heula. > > manar > > 2010/3/15 jangdede <[email protected]> > > >> >> Bah nu kasebut rawan bencana teh mana bae? Ciamis jeung Tasik aya potensi? >> >> nuhun >> jangdede >> >> >> 2010/3/15, oman abdurahman <[email protected]>: >> >>> >>> >>> Baraya, >>> >>> Tina Riungan Gd Sate ngeunaan Bencana: (1) Panganteur >>> >>> >>> >>> Baraya, >>> >>> Poe Juma'ah, 12 Maret 2010 minggu kamari aya acara anu cukup penting di >>> kota Bandung kalayan anu jadi candolina (nu boga hajatna) nyaeta Pamarentah >>> Provinsi Jabar. Ieu acara diaranan "saresehan kepedulian bersama terhadap >>> mitigasi bencana" dilaksanakeun di rohangan Pangrango, Gedung Sate, komplek >>> gubernuran Jabar, Bandung, ti jam 8 nepi ka jam 12 wib (ari anggeus acara, >>> ari ngong adza Juma'ahan). >>> >>> >>> Acara anu kasebut di luhur minangka “round table” munggaran dina raraga >>> usaha pikeun ngurangan korban alatan bencana alam. Ieu acara dibageakeun >>> laju dibuka kalawan resmi ku Gubernu Jabar, Bp. H. Ahmad Heryawan. Acara >>> ditutup ku H. Sobirin, salah saurang aktivis lingkungan hidup Jabar di >>> Bandung. >>> >>> Dina eta acara hadir tur biantara opat narasumber kalawan dikawitan ku >>> Kang Iwan S (Ketua BPLHD Jabar) anu ngadugikeun roadmap saresehan. >>> Narasumber >>> anu 4 teh nyaeta: >>> >>> >>> 1. Bp Sukhyar ti Badan Geologi, ngadugikeun potensi bencana alam di >>> Jabar; >>> >>> 2. Kang Ridwan Kamil, ngadugikeun perkara "community development" dina >>> raraga mitigasi (ngurangan risiko) bencana; >>> >>> 3. Kang HR Hidayat Suryalaga (abah Surya), ngadugikeun materi mitigasi >>> bencana numutkeun budaya; sareng >>> >>> 4. Kang Iwan Abdulrachman (abah Iwan) ngadugikeun pasoalan mitigasi >>> bencana numutkeun pangwangunan sosial. >>> >>> >>> Anapon moderator acara nyaeta bp Imam A Sadisun ti itb sareng bp Sobirin. >>> >>> >>> >>> Ieu acara diluuhan ku kl 150 uleman ti rengrengan wakil-wakil Pamarentah >>> Daerah, instansi-intansi Pamarentah anu pakait, LSM, peguruan tinggi, >>> pemerhati, para wartawan jeung uleman sanesna. Anu hadir sakitu jumlahna >>> tetep lengkep nepi ka acara rengse tabuh 12 siang. >>> >>> >>> Dina sela-sela acara, Kang Iwan Abdulrachman ngahaleuangkeun kawih-kawih >>> ciptaan anjeunna nalika anjeunna sareng kanca-kancana nuju ngaevakuasi >>> korban bencana dina sababaraha kajadian bencana. >>> >>> >>> Acara ditutup ku ikrar babarengan anu dibacakeun ku abah Iwan. Eusi ikrar >>> nya eta patekadan jeung lengkah tindakan pikeun rereongan merhatikeun >>> masalah-masalah bencana alam, ngurangan risiko bencana alam, miara alam, >>> mere bantuan tur mulihkeun ka anu jadi korban bencana alam ku usaha-usaha >>> sinergi anu didasarkeun kana kaarifan lokal, sosial budaya jeung lianna, >>> >>> Sugan aya waktu, ka hareup mudah-mudahan bisa katepikeun >>> kacindekan-kacindekan penting ti masing-masing narasumber anu kasebut bieu. >>> >>> Tapi, anu pang pentingna tina acara di luhur teh teu aya lian ti >>> lajuninglaku (follow up) sangkan masyarakat anu dumuk di lokasi-lokasi >>> potensi bencana bisa praktek langsung mitigasi (usaha-usaha pikeun >>> nyinglarkeun bencana atawa ngurangan risiko bencana kana tingkat anu minimal >>> teu aya korban jiwa). >>> >>> manar >>> >>> >>> >>> >>> >> > >

