Numutkeun abah Surya, kecap "aya" kalebet pola nu kaopat nyaeta ragam basa loma = basa lemes keur pribadi = basa lemes keur batur. Conto nu sanesna, diantawisna : "kumaha", "naon", "kadua", "itu".
Hapunten Gagak Hideung ________________________________ Dari: Abbas Amin <[email protected]> Kepada: urangsunda <[email protected]>; kisunda <[email protected]> Terkirim: Sen, 15 Maret, 2010 17:36:31 Judul: [kisunda] Nyondong Naon sababna baheula bujangga Sunda, atawa Para Ahli Sastra Sunda, NOLAK ka na kecap NYONDONG mu hartina AYA ? Atuh da jelas pisan AYA mah teu kasar teu garihal. Teu kudu dilemesan deui, jadi aya teh geus hiji kecap nu beunang dipake ku sing saha wae. Keur saha wae. Malahan baheula mah di Sakola kuring, mun aya nu nyebut nyondong, enggal ku ibu Guru dicawad, teu meunang cenah make Basa Nyondong. Tapi saperti biasa Bujangga Sunda atawa Ahli Sastra Sunda teu NYAREK ka nu sok make ieu kecap. Nya paling ge hukumna keleuleuwihi, atawa BID'AH mun cek Agama mah. Lolobana nu marake ieu kecap nyondong teh urang kampung. Wallahualam asal usulna mah. Mencari semua teman di Yahoo! Messenger? Undang teman dari Hotmail, Gmail ke Yahoo! Messenger dengan mudah sekarang! http://id.messenger.yahoo.com/invite/

