Biasana si kuring mun seug ningali aya surelek nu dikintun ku Abah Abbas Amin, 
sok langsung we dipupus, alatan (keur kuring wungkul meureun) sok asa "ngobrol" 
bari sesentak, sabab loba tulisanna gede sawareh, hehehehehe

kungsi nengetan (awalna) bisi eta nu ditulis make aksara gede teh judul atawa 
pesen siloka siga dina tulisan surelek surelek para agen rahasia, nya dirunut 
diuntaykeun, keukeuh ceuk kuring lain....

sigana eta keur negeskeun (meureun), tapi da ceuk uing mah mun sakirana nu maca 
malah bakal dibaca kabeh teu kudu digede2 sawareh aksarana..., atuh tea aya 
poko-poko penting dina komputer uing mah ngan aya dikandelan (bold), 
dimiringkeun (italic) atawa digaris handapan atawa gabungan tina eta...

ayeuna kabaca kulantaran tulisanna singget ngajawab tinu samemehna yen cenah 
"uing urang kampung.. jst", dijawab ku Abah Abbas "...teu diajar BASA sunda 
panginten"

rada panasaran nya dibacaan kumaha samemehna nepi ka aya kalimah kitu...

gebeg... ngarenjag... geuning, ku alatan mun ngagunakeun kecap 'nyondong'.. 
disebut... bid'ah basa/sastra, urang kampung, nepi ka disebut teu sakola basa 
(cenah)

ceuk kuring... naha abah Abbas meni asa telenges kanu ngagunakeun kecap 
'nyondong', sabab beda ? nepi kadisebut kitu

apanan aya basa wewengkon, jeung rea2 deui, naha mun beda teh kudu disebut kitu 
bah ? atawa husus keur nu nyebut nyondong..?

husus keur sebutan pasisian atawa urang kampung, kuring bagja jadi urang 
kampung, kitu oge hormat ka urang dayeuh

salam baktos
ti urang lembur


--- In [email protected], Abbas Amin <abas_ami...@...> wrote:
>
> Hehehehe,           saleresna mah sanes urang kampung panginten; 
> tapi nu
> teu diajar BASA Sunda panginten.
> 
> --- On Tue, 3/16/10, DSW1 <d.su...@...> wrote:
> 
> From: DSW1 <d.su...@...>
> Subject: Re: [Urang Sunda] Nyondong
> To: [email protected]
> Date: Tuesday, March 16, 2010, 10:43 PM
> 
> 
> 
> 
> 
> 
> 
>  
> 
> 
> 
>   
> 
> 
>     
>       
>       
>       
> 
> 
> abdi urang kampung... meni kitu ka urang kampung... 
> 
> 
> 
> 
> 
> From: Abbas Amin 
> Sent: Tuesday, 16 March, 2010 07:36
> To: urangsunda ; kisunda 
> 
> Subject: [Urang Sunda] Nyondong
> 
>   
> 
> 
> 
>   
>   
>     Naon sababna baheula bujangga Sunda, atawa Para Ahli Sastra 
>       Sunda, NOLAK
> ka na kecap NYONDONG mu hartina AYA ?
> 
> Atuh da jelas 
>       pisan AYA mah teu kasar teu garihal. Teu kudu dilemesan deui, jadi
> aya 
>       teh geus hiji kecap nu beunang dipake ku sing saha wae. Keur saha 
>       wae.
> Malahan baheula mah di Sakola kuring, mun aya nu nyebut nyondong, 
>       enggal ku
> ibu Guru dicawad, teu meunang cenah make Basa 
>       Nyondong.
> 
> Tapi saperti biasa Bujangga Sunda atawa Ahli Sastra Sunda 
>       teu NYAREK ka nu sok
> make ieu kecap. Nya paling ge hukumna 
>       keleuleuwihi, atawa BID'AH mun cek Agama
> mah. Lolobana nu marake ieu 
>       kecap nyondong teh urang kampung. 
> Wallahualam asal usulna 
>   mah.
>


Kirim email ke