Eta ku tiasaan kitu mh, matak kabita.
Sense of humorna CLASS. Estu NYACAS.
Punten Basa Inggris, panginten sense of humor teh dina basa sunda mah :
"Rasa SUNDA" ; da kapan kasohor US mah tukang HUMOR tukang heureuy. Hahahaha
Dina masalah kecap ieu. Basa Inggris enyaan NUMBER ONE.
Sense of HUMOR hese neangan gantina.

--- On Wed, 3/17/10, mh <[email protected]> wrote:

From: mh <[email protected]>
Subject: Re: [kisunda] Basa Sunda lemes - kasar
To: [email protected]
Date: Wednesday, March 17, 2010, 12:08 AM







 



  


    
      
      
      "Basa Sunda nu bener urang pake,basa Sunda nu alus 
urang piara.Kapan alus teh kudu bari bener tea.Siga moto "Bahasa Indonesia yang 
baik dan benar", atawa "halalan thoyiban" tea."

mari kita hayu, migunakeun "basa sunda nu hade, bener jeung halal". nu kumaha 
nya? duka teuing.
hehehe


2010/3/17 Adi Sundayana <ephi...@gmail. com>
















 



  


    
      
      
      


Ingkang Rai AA ( ieu oge tibalik ka Aa nyebut 
Rai  he..he..he.. ), ampun paralun teu pisan-pisan rek ngahalangan nu diajar 
bener.Diajar basa Sunda nu bener wajib hukumna.Hukum wajib ieu dikeunakeun ka 
nu 
geus baleg.Ari nu lelengkah halu mah urang pada-pada ngaping ngajaring sangkan 
teu tijalikeuh.Tangtu cara menerkeunana anu kudu dipanta-panta teh.
 
Menerkeun AA,mh,dh atawa ki dulur lianna nu sok 
nulis di dieu mah teu nanaon ku togmol bari dicepret oge,da anjeunna mah moal 
parundung.Paling copel ngalawan heula ku dalil-dalil nu dipimilikna. Tapi ari 
ngalelempeng pun incu atawa nu saumurna mah ku cara dileles bari rada-rada 
dideangkeun kanu panas malah mandar teu potong sumangetna.
 
Basa Sunda nu bener urang pake,basa Sunda nu alus 
urang piara.Kapan alus teh kudu bari bener tea.Siga moto "Bahasa Indonesia yang 
baik dan benar", atawa "halalan thoyiban" tea.
 
Sok atuh urang singkil,sing saringset pageuh iket. 

 
Tilam sono ti akang Adi 

  ----- Original Message ----- 
  
From: 
  Abbas 
  Amin 
  
To: kisu...@yahoogroups .com 
  Sent: Wednesday, March 17, 2010 4:52 
  AM
  Subject: Re: [kisunda] Basa Sunda lemes - 
  kasar
  
  
  
  
  
    
    
      Leres pisan kasauran Kang Adi teh ( hehehehe ongkoh akang 
        ongkoh adi);
kapan Basa Sunda mah, Basa perasaan tea. Nya atuh 
        sagalana oge kudu
dieusian ku parasaan , lentong sareng 
        rengkak.
Nu mawi ku sim kuring DISERAT ka NU PERYOGI.
NYa ari teu 
        peryogi mah teu naon2.
Ngan URANG oge ulah ngahalangan ka nu HOYONG 
        DIAJAR Basa Sunda
nu bener.
Da panginten salian ti pikiran akang 
        nu sieun US teu daek ngomong Sunda; aya oge
panginten nu mikirkeun 
        HAYANG Basa Sunda nu BENER.
Kumaha pamendak akang di na hal ieu 
        ?


--- On Tue, 3/16/10, Adi Sundayana 
        <ephi...@gmail. com> wrote:

        
From: 
          Adi Sundayana <ephi...@gmail. com>
Subject: Re: [kisunda] 
          Basa Sunda lemes - kasar
To: kisu...@yahoogroups .com
Date: 
          Tuesday, March 16, 2010, 6:51 AM


            
          
          
          Ngabandungan nu keur adu catur dina 
          perkara ngagunakeun basa kasar,conggah jeung basa lemes dina basa 
          Sunda sasieureun sabeunyeureun rek milu aub.Itung-itung lauk buruk 
          milu mijah bae ieu mah.
          Mun teu salah baheula beh ditueun 
          kapungkur basa keur di SR kungsi meunang katerangan yen kasar 
,conggah 
          jeung lemesna nyarita ku basa Sunda teh diwangun ku tilu hal 
          :
          Kahiji pilihan kecap,kadua lentong ari nu 
          katilu rengkak jeung paripolah nu marengan ( gesture ) kaasup paroman 
          jeung sorot mata.
          Geura sok rasakeun kalimah di handap ieu 
          : " Mulih ti mana,Mang Ahdi, mani bangun rarusuh ?" Mimiti ku lentong 
          anu merenah ningalikeun sopan santun,tuluy coba ku lentong anu 
          teureugeus saterusna rasakeun deui mun eta kalimah diucapkeun ku 
          lentong sopan tapi paroman bari jeung nyureng,komo saupama kecap 
          "Mang" diganti ku kecap "Sia".
          Bandingkeun jeung kalimah nu marentah 
          atawa nu ngambek ieu :"Sieuh..... sieuh.... na aya hayam ku 
          bangkawarah balik deui balik deui". Ucapkeun ku nu ngambek lantaran 
          cape sapopoe moe pare di nu panas.Heg pek cobaan ku lentong "Arjuna" 
          dina pawayangan.
          Ku kituna ceuk pangrasa kuring mah,keur 
          saayeunaeun mending ajak para nonoman Sunda sina nyarita ku basa 
          Sunda.Merenah jeung teu merenah na mah da kacida pisan gumantung kana 
          "SIKON".Ulah dikondisikeun teuing ku rasa "sieun salah" tungtungna 
          mumul nyarita ku basa indungna.
          Cag. Ti pun Adi.
          
            ----- 
            Original Message ----- 
            From: 
            Abbas Amin 
            
            To: 
            kisunda 
            
            Cc: 
            Dudi 
            Herlianto 
            Sent: 
            Tuesday, March 16, 2010 10:04 AM
            Subject: 
            [kisunda] Basa Sunda lemes - kasar
            
  
            
            
            
              
              
                Lamun aya Basa nu dianggap rada garihal, nya 
                  dilelemes ku nyiptakeun kecap
nu dianggap cek Expressi Basa 
                  Sunda Lemes.

Tah nya dina ngalelemes ieu aya 
                  katangtuanana, nya eta :
sisipan tea; boh awal , tengah 
                  atawa akhir.
Tapi tujuan utamana nya eta : Basa Sunda ulah 
                  kasar teuing.
model : gering - udur - teu damang.
sare - 
                  mondok - kulem 
          sst





    
     

    
    






  










    
     

    
    


 



  






      

Kirim email ke