Parunten ka sadayana, bilih wae ieu seratan teu peryogi, langsung we delete. 
Hehehe
Delete teh Basa Sundana dipupus panginten nya. Tapi da tos go internasional, ieu
basa delete teh. Tos jadi Basa sapopoe MILISER. Satuju sadayana ?

satuju we lah, ngarah gancang.

Pangalaman sim kuring miluan nulis di milis teh, loba geuning papanggihan teh,
beda pisan jeung urang nulis di Koran, atawa buku. Sakedet netra nulis dimilis
mah bakal ditilik ku sarerea; cara nulis skripsi nu kudu ku urang 
dipertahankeun,
tapi bari jeung mulan malen. Ari ieu cespleng, harita keneh, satiap tulisan 
urang
kudu ditanggung jawab ku urang. Boh faktana, boh cara nulisna.

Saenyana mah keur nu boga bakat nulis, milis teh kacida ngadidikna; ngadidik 
kudu
ati2 pangpangna mah, ulah asal engab, eh punten, eta mah keur omongan nya.
Maksud teh ulah asal tret. Kudu dipikir heula bulak balik. Lantaran naon?
Mun urang salah, terus aya nu ngiritik; mun urang teu siap mah, meureun ku 
kaeraan
urang jadi emosi; pan jadi loba mamalana. ( ieu ge kalaman ku kuring, hehehe ).

Jadi kumaha atuh, ari jadi anggota milis teh :
1. Persiapkan dirimu dengan Ilmu yang dimiliki
(mani ngeunah Basa Indonesia mah nyaritakeun kalimah kitu teh ).
Kumaha nya Basa Sundana nu merenah ? Hehehehe
1. Poma sing caringcing pageuh kancing, saringset pageuh iket, ulah caliweura.
Sayaga ku elmu panemu, jampe pamake, aji jaya kawijayan. Pek tamplokeun.

2. Jaga setiap ucapan jangan menyinggung individu atau kelompok
Kumaha tah Basa Sunda na nu pas ?
2. Jaga ucap paripolah urang, ulah nepi ka nyigeung ka nu sejen, boh ka 
pribadina,
boh kelompokna.
Ke ke ke ke heula anan. Kelompok teh asa lain Basa Sunda ? Kumaha atuh nya ?
Da piraku disundakeun ku nyebut gorombo;an mah. Hahahaha.
kelompok.    Lingkungan asa teu pas deuih.
ari golongan, asa bisa Basa Sunda ge nya dipake ?
mh, biasana nu apal soal ieu teh tah.

Sok mangga naon atuh Basa Sundana nu pas kanggo Basa Sunda ?
pas oge sigana meunang ngorowot ti na Bahasa Indonesia , nya ?
Oh................. inget ayeuna mah. pas teh MERENAH.

Tah naon Basa Sundana nu merenah keur kelompok ?

Tuh nya ? Kapan, ieu mah tulisan teu puguh alang ujurna. 
Hahahaha, rarasaan mah hayang nyieun piseurieun, si na nyakakak.
Tapi sigana mah ieu mah humor SAHARA tea; humor GURUN.
Hahahahaha..........................

Keun we lah, nu penting USAHA.

Wassalam............................
 



      

Kirim email ke