Emang uing pang jagona, ceuk Uden ka babaturanna Ading
Jagoan kumaha kitu ? tanya Ading hayang nyaho

Pokona mah moal aya duana sadunya, tembal Uden embung eleh.
Enya jagoan kumaha ? (Ading)

Nyaho teu pepetasan ? batur mah mun nyunut pepetasan teh, hiji-hiji bari  
dialungkeun tuluy nutupan cepil. Asa ku  araraneh ceuk emang uing mah, keur 
naon atuh nyunut pepetasan ari kitu mah, da moal kadenge sorana.

Meureun sieun katorekan, terus ari emang ilaing kumaha cara nyunutna ? tanya 
Ading bari rada kerung.

Emang uing mah nyeuneutna teu hiji-hiji, tapi sakligus aya dua puluhna langsung 
disunut bari dikangkalungkeun na beuheungna. ceuk Uden ngajawab.

Wah hebat euy, pasti emang ilaing mah asli banten nya bisa debus. Ceuk Ading 

Lain, emang uing mah asgar (asli garut), jeung teu biasaeun Debus. Pagaweanna 
tukang ngarit bari ngangon muning, ngan ayeuna mah geus tara ngarit jeung 
ngangon deui, tembal Udin.

Naon atuh gawena ayeuna ? tanya Ading

Ayeuna mah geus boga titel, ceuk Uden

Jadi pajabat nya, dimana gawena ayeuna ? tanya Ading

Pokona mah jauh, jeung teu bisa katingali ku urang ayeuna mah ?

Naha bet teu bisa katingali ku urang, diluarnagri gawena ?  

Meureun, ngan hanjakal geus teu bisa  ngarasakeun ngeunahna boga titel eta. 
tembal Uden

Na kunaon kitu ? ceuk Ading

Geus tiwas ? tembal Uden

Iraha jeung kunaon ? tanya Ading deui

Harita tea we tiwasna mah basa nyunut pepetasan tea, pas ngabeledug langsung 
kekelepekan harita keneh, tembal Uden

Jadol, sugan teh enya jago, kitu mah sosoroh kojor.

(dicutat tina obrolan di radio parahiayangan)


kanu bade ngersakeun nga download tembang sunda cianjuran, diantos di 
http://rradensunda.blogspot.com  gratiss   



Kirim email ke