Assalamu'alaikum sadayana.... Saalit hoyong naroskeun ka sadayana, ari di bahasa sunda aya istilah majas ngabalikeun teu? Misalna kieu,
a. Ngasupkeun cincin kana ramo, padahal mah justru ngasupkeun ramo kana cincin. b. Ngasupkeun kopeah kana sirah, padahal mah ngasupkeun sirah kana kopeah. Tah abdi mendakan conto teh dina bahasa arab, bari jeung dina bahasa arab mah istilahna teh disebat "Majas Qolab (ngabalikeun)". Ari dina bahasa sunda aya istilahna teu? Da gening sok diangge ku urang sahari-hari babasaan eta teh. Mung hoyong terang wungkul weh ieu mah.. Nuhun, Baktos Jaelani

