Baraya, Koran harian "PR", kamari ngareportase salah sahiji komunitas anu gerakna dina widang ngahejokeun lahan, sakumaha tiasa diparios di alamat ieu: http://newspaper.pikiran-rakyat.com/prprint.php?mib=beritadetail&id=133549
Aran eta komunitas teh nyaeta "komunitas pohon"., diadegkeun pikeun ngaleuweungkeun lahan bari jeung henteu fokus kana ngala hasilna mangrupa kai. Kadituna nya keur miara alam tea. Sok sanajan dina prak-prakanana tetep aya aspek bisnis, sakumaha tiasa dititenan di alamat ieu: http://www.komunitaspohonindonesia.com/?p=425 , tapi ningal ketakna mah aya manfaatna oge hadirna eta komunitas teh. Minimal, Pamarentah kabantu dina ngahejokeun deui Tatar Sunda (lamun seug eta komunitas teh lancar dina enggoning ngalaksanakeun program-programna). Oge aya alternatif pola ngamanfaatkeun lahan gamblung supaya dileuweungkeun deui, miara kabuyutan tea. Nyanggakeun, wilujeng nitenan. manar

