Kantenan atuh, pakait pisan. Lahan gundul anu lungkawing eta ancaman keur bencana longsor.
manar 2010/3/22 <[email protected]> > > > Kang Oman punten pami tatangkalan/huma aya henteu pakaitna sareng longsor? > > Powered by Telkomsel BlackBerry® > ------------------------------ > *From: * oman abdurahman <[email protected]> > *Date: *Mon, 22 Mar 2010 11:16:41 +0700 > *To: *<[email protected]> > *Cc: *urang sunda<[email protected]> > *Subject: *[Urang Sunda] Komunitas Tatangkalan jeung Miara Alam > > > > Baraya, > > Koran harian "PR", kamari ngareportase salah sahiji komunitas anu gerakna > dina widang ngahejokeun lahan, sakumaha tiasa diparios di alamat ieu: > http://newspaper.pikiran-rakyat.com/prprint.php?mib=beritadetail&id=133549 > > Aran eta komunitas teh nyaeta "komunitas pohon"., diadegkeun pikeun > ngaleuweungkeun lahan bari jeung henteu fokus kana ngala hasilna mangrupa > kai. Kadituna nya keur miara alam tea. Sok sanajan dina prak-prakanana tetep > aya aspek bisnis, sakumaha tiasa dititenan di alamat ieu: > http://www.komunitaspohonindonesia.com/?p=425 , tapi ningal ketakna mah > aya manfaatna oge hadirna eta komunitas teh. Minimal, Pamarentah kabantu > dina ngahejokeun deui Tatar Sunda (lamun seug eta komunitas teh lancar dina > enggoning ngalaksanakeun program-programna). Oge aya alternatif pola > ngamanfaatkeun lahan gamblung supaya dileuweungkeun deui, miara kabuyutan > tea. > > Nyanggakeun, wilujeng nitenan. > > manar > > > >

