Kenging ngoet tina http://www.sunangunungdjati.com. Mugi mangpaat...
======
Neuleuman Makna Maulid Nabi Muhammad SAW Tina Sajarah
Sunan Gunung Djati-Ayeuna urang nincak dina sasih
anu ngandung sajarah, sabab dina sasih ieu pisan lahir hiji jalmi anu
pinuji, nyatana Kanjeng Nabi Muhammad S.A.W. dina Kaping 12
énjing-énjing dinten senen sasih Robi’ul Awwal, awal taun Gajah nu ka
masyhur, Atanapi ping 20 April 571 Maséhi.
Anu namina tos dikenal di alam malakut saméméh diciptakeunnana Kanjeng Nabi
Adam A.S. Kitu, saur sapalih katerangan.
Nu akibat lahirna kanjeng Nabi S.A.W. téh ngahiliwirkeun angin
katiginan pikeun migusti pangéran nu sahiji Alloh Robbul Izzaty. Nu
akibat babar anjeunna nyambuangkeun hawa kasadaran pikeun manusa
sangkan sadar, pasrah, sadrah bari sumerah ka Alloh Jalla Jalalah.
Nya Anjeuna pisan nu nyébor sagara
keusik kajahiliyyahan ku cai kaimanan sareng katauhidan, sahingga
manusa apal kana arti kamanusaan, tur apal ka saha nu kudu dijadikeun
panangtayungan jeung tempat pananggéuhan, ogé ka saha nu kudu
dijadikeun Pangéran.
Ngeunaan acara miéling Maulid Nabi Muhammad S.A.W. Ir. Soekarno
Presidén RI nu kahiji, ngauningakeun amanat nalika acara miéling Maulid
Nabi Muhammad S.A.W. di Stadion Gelora Bung Karno (ayeuna, kapungkurmah
Senayan) ping 6 Agustus 1963 nu kacutat ieu sumber téh ti Penerbitan
Sékrétariat Negara No. 618/1963. Nu amanatna téh kieu:
“Sore-sore saya dibawa oleh Presiden Syuriah Sukri Al-Kuwatly ke
makam Sultan Salahudin, lantas Presiden Kuwatly bertanya kepada saya,
apakah Presiden Soekarno mengetahui siapa yang dimakamkan di sini ?,
saya berkata, saya tahu, Of Course I Know, This is Salahudin, the great
warrior, kataku. Presiden Kuwatly berkata, tetapi ada satu jasa
Salahudin yang barangkali Presiden Soekarno tidak mengetahui. What is
that ?, saya bertanya. Jawab Presiden Kuwatly, Salahudin inilah yang
mengobarkan api semangat Islam, api perjuangan Islam dengan cara
memerintahkan kepada umat Islam supaya tiap taun diadakan perayaan
mauled Nabi”.
A. Kasang Tukang diayakeunana Acara miéling Maulid Nabi Muhammad S.A.W.
Nilik kana riwayat sajarah miéling dibabarkeunnana Kanjeng Nabi
Muhammad S.A.W. atawa istilah nu kamasyhurmah “Maulid Nabi Muhammad
S.A.W.”, nyaéta dimimitian ku Sultan Salahuddin Yusuf Al-Ayyuby nu
nyepeng kalungguhan salaku Sultan ti “Dinasti Bani Ayyub” antara taun
1174 – 1193 M. atawa 570-590 H. Anjeunna téh sanés turunan Bangsa Arab
tapi asalna ti suku Kurdi. Nu puseur ka-sultan-nana di Qahiroh (Kairo)
Mesir. Sareng daérah kakawasaanana manjang ti mimiti Mesir nepi ka
Syuriah. Nalika anjeunna nyepeng kalungguhan salaku sultan, umat Islam
aya dina kaayaan harénghéng ku campuhna “Perang Salib” atawa nu katelah
“The Crusade” nu diluluguan ku bangsa Érofa (Prancis, Jérman jeung
Inggris). Demi nu jadi dasar diiayakeunana miéling Maulid Nabi Muhammad
S.A.W. ku Sultan Salahudin Al-Ayyuby téh, taya kajaba tujuanana nyaéta
pikeun numuwuhkeun rasa kacinta umat Islam ka Nabi-na, nyatana Kanjeng
Nabi Muhammad S.A.W. ogé pikeun numuwuhkeun sumanget jihad jeung
kabeungkeutna rasa ukhuwah antara umat Islam.
Miturut sapalih katerangan, yén sabenerna nu boga usulan pikeun
ngayakeun di piélingna Maulid Nabi Muhammad S.A.W. téh lain murni
usulna Sultan Salahudin Yusuf Al-Ayyuby, tapi asal datangna usulan ieu
téh ti “Muzaffarudin Gékbury” nu jadi atabég (mun di urangmah Bupati)
di Ibril (Syuriah Utara), nu tujuanana nyaéta dina raraga ngimbangan
kana ramé di piélingna poé dibabarkeunana Kanjeng Nabi Isya A.S. nu
katelah “Poé Natal” nu diayakeun ku kaum Nashrani waktu harita.
Muzaffarudin Gékbury awal ngayakeun ieu Maulid Nabi S.A.W. ukur di
lingkungan istana-na wungkul bari jeung henteu tiap taun. Tapi saprak
kauninga ku Sultan Salahudin Yusuf Al-Ayyuby, maka anjeunna miharep ieu
téh jadi hiji tradisi pikeun sakumna umat Islam di sakuliah dunya.
Usulan Sultan Salahudin Yusuf Al-Ayyuby, awalna teu meunang
kapanujuan ti para Ulama, sabab hal ieu téh kaasup perkara anyar
(bid’ah), tapi Sultan Salahudin Yusuf Al-Ayyuby nandeskeun yén
dipiélingna Maulid Nabi Muhammad S.A.W. téh ngan saukur hiji kagiatan
nu sifatna ngaramékeun syi’ar agama wungkul, teu ngawengku kana ritual
kaagamaan, jadi teu kaasup kana bid’ah nu dilarang, tegesna dipiélingna
Maulid Nabi Muhammad S.A.W kaasup bid’ah hasanah (nu hadé). Satuluyna
Sultan Salahudin Yusuf Al-Ayyuby ngedeuheus nyuhunkeun kasapukkan ka
Khalifah An-Nashir di Baghdad, nu akhirna khalifah panuju.
Réngsé meunang kapanujuan ti Khalifah An-Nashir di Baghdad, maka
Sultan Salahudin Yusuf Al-Ayyuby nu harita jeneng janten pangawasa
Haromain (pangawasa dua tanah Suci, Makkah sareng Madinah), dina taun
579 Hijriyah (1183 Maséhi) ngaluarkeun intruksi ka sakumna jema’ah
haji, sangkan saba’dana réngsé ngalaksanakeun ibadah haji tuluy mulang
ka nagri masing-masing ngayakeun sosialisasi ka sakumna Umat Islam
dimana baé ayana, yén ti kawit taun 580 Hijriyah (1184 Maséhi) satiap
ping 12 Robi’ul Awwal kudu diayakeun acara miéling Maulid Nabi Muhammad
S.A.W. kalayan dieusi ku kagiatan nu bisa numuwuhkeun sumanget jihad
jeung ukhuwah Umat Islam.
Sedengkeun salah sahiji bentuk kagiatan nu diayakeun ku Sultan
Salahudin Yusuf Al-Ayyuby nyalira dina ngayakeun kagiatan miéling
Maulid Nabi Muhammad S.A.W. téh, nyaéta diayakeunana pasanggiri nulis
riwayat kahirupan Rasululloh S.A.W. jeung nulis sya’ir nu eusina muji
ka Rasulullah S.A.W. nya pamilon nu pinilih kapilih jadi jawara dina
pasanggiri téh, nyaéta Syaikh Ja’far Al-Barzanjy. nu anggitanana
katelah “Kitab Al-Barzanjy”, nu kitab ieu téh sering di baca nalika
diayakeunana acara miéling Maulid Nabi Muhammad S.A.W. di sawatara
wewengkon di nagri urang Indonesia, nepi ka wangkid kiwari.
Kacutat dina sajarah, yén usaha nu dilakukeun ku Sultan Salahudin
Yusuf Al-Ayyuby dina ngabudayakeun tradisi dipiélingna Maulid Nabi
Muhammad S.A.W. ngabuahkeun hasil. Kabuktos dina sajarah diuningakeun
yén ku ayana ieu kagiatan téh sumanget jihad kaum Muslimin dina
nyanghareupan perang salib ngaronjat deui. Dugi ka Sultan Salahudin
Yusuf Al-Ayyubi bisa ngabeungkeut hiji kakuatan nu rohaka ti antara
kaum Muslimin, hasilna dina taun 1187 Maséhi (583 Hijriyah) Yérussalém
bisa direbut deui ti leungeun bangsa Érofa, jeung Masjid Al-Aqsha
dibalikkeun deui kana fungsina jadi masjid deui nepi ka kiwari.
Di Indonesia khususna tradisi miéling Maulid Nabi Muhammad S.A.W. di
gunakeun pikeun alat Da’wah Islamiyah, ku bentuk jeung rupa
kagiatan-kagiatan. Nu ngamimitian ngayakeun ieu acara téh nyaéta para
‘Wali nu jumlahna Salapan’ atanapi nu katelah ‘Wali Songo’. sakumaha nu
dilakukeun ku Sunan Kali Jaga, ku bentuk da’wahna maké unsur seni, nu
dipidangkeun ku rupa gamelan, gamelan nu kasebut nyaéta gamelan “Kiai
Nogowilogo” jeung “Kiai Gunturmadu”. Nu dua gamelan eta teh
ngalambangkeun dua kalimat syahadat, tur dipidangkeun di buruan Masjid
Demak satiap acara miéling Maulid Nabi Muhammad S.A.W.
Kacutat dina sajarah, yén saméméh acara pidangan gamelan ieu
dipintonkeun, maka satiap masyarakat nu hayang ningali kana acara
pidangan ieu, khususna pikeun jalma nu acan abus Islam, ku Sunan
Kalijaga di béré syarat, pikeun ngucapkeun dua kalimat Syahadat saméméh
asup ka panto gapura masjid (Gafura téh asal tina kecap basa Arab
‘Ghafura” nu hartina ‘Anjeunna Dzat (Alloh) nu Maha Lautan Hampura’).
Ku hal ieu, dugi ka aya nu nelah acara miéling Maulid Nabi Muhammad
S.A.W. khususna di daérah jawa maké istilah “sekatén” (perayaan
syahadatain).
Aya deui istilah ‘Grebeg Mulud’ ieu istilah téh dipaké nalika zaman
kasultanan Mataram, nu hartina “grebeg” téh nyaéta nuturkeun Sultan
jeung para inohong ogé gegedén karaton kasultanan nu kaluar nuju ka
Masjid pikeun ngayakeun acara miéling Maulid Nabi Muhammad S.A.W. nu
dilengkepan ku upacara-upacara jeung kagiatan-kagiatan nu aya
patula-patalina reujeung miéling dibabarkeunana Rosululloh S.A.W. nepi
ka kiwari.
Sedengkeun zaman kiwari, ngayakeun acara miéling Maulid Nabi
Muhammad S.A.W. téh ku mangpirang-pirang bentuk jeung cara, aya nu
cukup ku maca kitab Al-Barzanjy, aya ku acara tausyiyah agama kalayan
ngundang mubaligh jeung sajabana. nu kabéhanana ogé teu méngpar tina
ajaran agama Islam, sabab acara miéling Maulid Nabi Muhammad S.A.W. téh
dieusi ku syi’ar agama Alloh.
B. Hikmah dibabarkeunana Rosulullah Muhammad S.A.W.
Lamun ngaguar deui sajarah kahirupan
kanjeng Nabi Muhammad saw. ti saprak anjeuna gubrag babar ka alam
dunya, éstu pinuh ku kajadian nu kacida ahéngna anu minangka tanda
kaistiméwaan-kaistiméwaan pikeun calon Nabi. tur minangka mapag kana
babarna hiji manusa nu bakal jadi panutan. Hiji manusa nu bakal jadi
pamingpin nu paling suksés diantara para pamingpin nu aya di sakuliah
alam dunya. Diantarana baé, nalika anjeunna babar datang hiji pasukan
anu dipingpin ku hiji Raja nyatana Raja Abrahah, nu diabadikeun dina
ayat Al-Qur’an surat Al-Fiil. Didieu dua sato nu di abadikeun ku Alloh
dina ayatna, nyatana Gajah jeung Manuk Aba-biil. Tur ku tradisi Arab
ieu hal téh dipercaya minangka mu’jizat nu kahiji diantara mukjizat
nabi nu sanésna.
Kaahéngan nu sanésna dina mapag babarna Kanjeng Nabi Muhammad saw.
nyaéta pareumna seuneu nu jadi sesembahan kaum Majusi di nagri Pérsia,
ogé kaahéngan-kaahéngan sanésna, saperti sumujudna sakabéh makhluk nu
aya di satungkebing langit satangkaraking jagat buana panca tengah nu
minangka sujud kahurmatan, dugi ka daun nu ragrag tina dahan tangkal
cicing ngajeten teu jadi ragrag antara dahan ka taneuh.
Hal ieu nandakeun yén babarna kanjeng Nabi Muhammad saw. disambut ku
panghurmatan nu kacida agungna. Nu jadi pertanyaan pikeun urang
sadayana ayeuna, naon nu kudu dicandak tur dijadikeun palajaran dina
sajarah sasih Robi’ul Awal ieu, nu dilebetna aya sajarah agung, nyatana
babarna panutan urang sadayana kanjeng Nabi Muhammad saw.?. Kukituna
didieu urang sadaya kedah emut tugas naon Kanjeng Nabi Muhammad saw. di
utus ka alam dunya.
Alloh S.W.T. Ngadawuh dina Qur’an Surat Al-Anbiya (para Nabi) ayat 107 dugi ka
ayat 102:
وَمَا أَرْسَلْنَاكَ إِلَّا رَحْمَةً لِّلْعَالَمِينَ قُلْ إِنَّمَا
يُوحَى إِلَيَّ أَنَّمَا إِلَهُكُمْ إِلَهٌ وَاحِدٌ فَهَلْ أَنتُم
مُّسْلِمُونَ (ألأنبياء :107-108)
“Jeung Kami henteu ngutus anjeun (Muhammad) kajaba jadi rahmat
pikeun satungkebing alam, Pok caritakeun (ku anjeun Muhammad):
‘Satemenna Pangéran arandika téh, ngan Pangéran Nu Maha tunggal, ku
kituna naha arandika rék jadi jalma nu pasrah (Islam)”.
Dawuhan Allah S.w.t. ieu maparin hiji kapertélaan ngeunaan diutusna
Rasulullah S.A.W. nu taya kajaba anging janten Rahmat pikeun sakumna
alam khususna manusa. Diantara rahmat nu karaos diantara rahmat-rahmat
Allah nu jadi hikmah dibabarkeunana Kanjeng Nabi S.A.W., nyaéta ayana
hiji kabébasan nu nalikung kahirupan dina sagala widang kahirupan
manusa, diantawisna:
1. Widang Akhlak,
Rasulullah S.A.W. Ngadawuh:
“Innamaa Bu’itstu Li ’Utammima Makaarimal-Akhlaaq” (teu samata-mata
kami di utus, taya kajaba pikeun nyampurnakeun Akhlaq) [Al-Hadits].
Ieu jelas, yén di utusna Kanjeng Nabi S.A.W. pikeun Nyampurnakeun
akhlak Manusa. Kabuktian salami 23 taun Kanjeng Nabi S.A.W. tiasa
ngarobah tatanan kahirupan bangsa Arab nu tadina Jahiliyah robah jadi
masyarakat nu ngarti kana tauhid. Nu samemehna bangsa Arab téh mibanda
tabé’at nu kacida goréng patutna, kamaksiyatan, silih paténi, perang,
judi, zina, ngagunasika, maksa mirusa kana hak-hak sasama, babadog
rarampog reujeung sajabana, nu hal éta kabéh téh mangrupakeun pakasaban
nu geus jadi adat kabiasaan maranéhna dina sapopoé.
Tapi saprak datang Islam nu wasilahna ku diutusna Rosulullah S.A.W.
sagala rupa warna jeung rupa kajahiliyahan dirobah jadi warna kaislaman
nu ngalahirkeun katingtriman hirup, jauh tina pacogrégan anggang tina
mumusuhan, diajarkeun adab-adab kasopanan, silih hormat, silih hargaan
jeung sasama, kalayan dibeungkeut ku aturan-aturan nu kacutat dina
Wahyu Pangéran nyatana Al-Qur’anul-Karim. Ieu téh mangrupakeun
ka-suksés-an perjuangan Rosulullah S.A.W. dina da’wahna dina widang
Akhlak, ku kituna payus Rosululloh saw. di paparin pujian ku Alloh
S.W.T. nyalira langsung, ku Dawuhanana:
وَإِنَّكَ لَعَلى خُلُقٍ عَظِيمٍ (ألقلم: 4
“Jeung saéstuna bener-bener (dina diri anjeun Muhammad) mibanda akhlak nu
agung” (Al-Qolam:4).
2. Widang Tauhid/Aqidah
Hikmah sajen ku dibabarkeunana Kanjeng Nabi Muhammad S.A.W. kalayan
nyandak agama nu dipikaridho ku Alloh nyatana agama Islam, diantarana
nyaéta ngarobah aqidah manusa, nu saméméhna kaayaan bangsa Arab téh
kacida layeutna kana kamusyrikan, kayananing nyembah tapékong, arca,
jin jeung sajabana. Padahal nu saméméhna maranéhna téh nyepeng agama
hanif nu dicandak ku Kanjeng Nabi Ibrahim A.S. sareng Nabi Isma’il
A.S., tapi ku akibat lamina mangsa kakosongan ti para Rasul (Fatroh),
dugi ka tumuwuhna aqidah jahiliyah, nu bentukna kamusyrikan.
Tapi Ku ayana risalah Islam nu dicandak ku Rosululloh S.A.W. nu
satuluyna disebarkeun ka bangsa Arab, kalayan ngabuahkeun hasil nu
kacida nyugemakeun. Sabab Islam lain wungkul di nagri Arab, tapi
sumebar ka saban tempat di ieu alam dunya. Kasuksésan Kanjeng Nabi dina
widang ngabebaskeun bangsa Arab tina aqidah kamusyrikan kana aqidah
katauhidan, dugi ka kasuksésan Kanjeng Nabi S.A.W. dina widang ieu
digambarkeun minangka ngaluarkeun manusa tina kaayaan poék kana kaayaan
caang, tina musyrik kana tauhid, tina sasar kana jalan nu dipikaridho
ku Allah S.W.T. sakumaha Dawuhan Allah S.W.T. dina Qur’an Surat
Al-Baqarah (sapi bikang) ayat 257:
اللّهُ وَلِيُّ الَّذِينَ آمَنُواْ يُخْرِجُهُم مِّنَ الظُّلُمَاتِ
إِلَى النُّوُرِ وَالَّذِينَ كَفَرُواْ أَوْلِيَآؤُهُمُ الطَّاغُوتُ
يُخْرِجُونَهُم مِّنَ النُّورِ إِلَى الظُّلُمَاتِ أُوْلَـئِكَ أَصْحَابُ
النَّارِ هُمْ فِيهَا خَالِدُونَ (ألبقرة : 257)
“Nya Allah nu jadi pamingpin (nu maparin pitulung) pikeun
jalma-jalma nu ariman, nu ngaluarkeun maranéhna tina (kaayaan) paroék
kana (Kaayaan) caang, sedengkeun pikeun jalma-jalma kafirmah anu
mingpin (nu maparin pitulung) téhe Thaghut (syetan/Iblis), anu
ngaluarkeun maranéhna (jalma kafir) tina (kaayaan) caang kana (kaayaan)
poék, nya maranéhna (jalma kafir) téh ahli naraka tur baris langgeng
dijerona”.
3. Dina Widang Sosial
Islam nyandak risalah nu kacida luyuna reujeung kamanusaan, ku
kituna sagala widang kahirupan ku Islam geus diatur. Kaasup widang
sosial, kabuktian Kanjeng Nabi Muhammad S.A.W. kacida nganjurkeunana ka
Umatna dina widang ieu, saperti ngabébaskeun ‘perbudakan’, silaturahim,
ngaleungitkeun pakétrokna faham ‘Ashabiyah (golongan), kudu hade dina
natangga, jeung sajabana. Dina kaitanana masalah Sosial ieu Allah
S.W.T. ngadawuh dina Surat Al-Hujurat ayat 13:
يَا أَيُّهَا النَّاسُ إِنَّا خَلَقْنَاكُم مِّن ذَكَرٍ وَأُنثَى
وَجَعَلْنَاكُمْ شُعُوباً وَقَبَائِلَ لِتَعَارَفُوا إِنَّ أَكْرَمَكُمْ
عِندَ اللَّهِ أَتْقَاكُمْ إِنَّ اللَّهَ عَلِيمٌ خَبِيرٌ (الحجرات : 13)
“Yeuh manusa ! saéstuna Kami ngajadikeun maranéh ti hiji lalaki
jeung hiji awéwé, jeung kami geus ngajadikeun maranéh jadi sababaraha
bangsa jeung sababaraha golongan, supaya maranéh silih pikawanoh.
Saéstuna jalma nu pangmulya-mulyana mungguhing Allah-mah nya anu
pang-taqwana ti antara maranéh; saéstuna Allah Maha Uninga tur Maha
Ningali”
4. Dina widang Hukum
Islam kacida merhatikeunana kana widang hukum, sabab Islam kacida
teu panujuna kana masalah kadzoliman, sabab islam datang mawa kaadilan
pikeun umatna ogé pikeun sakumna manusa. Islam ngajarkeun hukum nu teu
“cueut ka nu hideung teu ponténg ka nu konéng”. Sahingga Kanjeng Nabi
S.A.W. ngadawuh: “Mun seug…Fatimah binti Muhammad maling, maka ku kami
bakal diteukteuk éta leungeunna…” ku hal sakieu islam kacida
ngawalatrakeun hukum reujeung kaadilan. nu luyu reujeung rasa
kamanusaan.
C. Pamungkas
Kacindekanana babarna Rosululloh Muhammad S.A.W. teh nyandak
hiji Agama, nyatana agama Islam, nu ieu agama téh nyandak kana
kasalamétan, ngajarkeun kapasrahan total, saluyu sareng arti “Islam”
nyatana “kasalametan/kasejahteraan
“. Nyandak kana kasalematan didieu,
hartina yén islam téh teu nyasarkeun jalma nu ngagemna, sabab ajarana
réalistis saluyu reujeung kamanusaan. Teu aya sakedik ogé ajaran Islam
nu nyilakakeun, kabéh ogé méré kauntungan, kabagjaan pikeun jalma nu
ngalaksaakeunana.tur agama islam ogé ngajarkeun kana kasaimbangan
hirup, hartosna hirup urang téh ulah katungkul teuing ku dunya,
sahingga urang kaasup kana golongan jalma-jalma nu teu katipu ku
kaéndahan alam dunya nu sifatna samentara, ni sifatna keuna ku rusak.
Tapi urang kudu inget yén hirup téh lain didunya wungkul, tapi urang
sadaya bakal asup ka alam nu bakal jadi pangbalikan urang, alam nu
langgeng abadi nyatana akhérat. Tah dina Islam diajarkeun kumaha carana
urang sangkan salamet di dunya ogé salamet diakhérat. Nu akhirna urang
sadaya bakal meunang karidhoan ti nu mikaridho kana agama nu ku urang
di agem nyatana Alloh s.w.t.Bisa ogé dihartikeun “pasrah” hartina
pasrah didieu yén urang sadaya diperedih sangkan masrahkeun badan
sakujur, kalayan total ka Alloh swt. Sabab, hakékatna diri urang téh
kabéh ogé milik Alloh, urangmah teu ngaboga-boga لاَحَوْلَ وَلاَقُوَّةَ
إِلَّا بِااللهِ اْلعَلِيِّ اْلعَظِيْم(Taya daya, taya kakuatan, anging
kalayan idzin mantenna Alloh Nu Maha Agung). Urangmah Wungkul
kaamanatan, katitipan nu hiji waktu urang bakal dipenta
pertanggungjawabanana, tugas urangnah miara, ngamanfaatkeun ogé
ngagunakeun diri urang téh pikeun ibadah ka Alloh dina raraga ngisi
kahirupan di alam dunya, ogé jaga pikeun ngisian alam nu langgeng taya
tungtungna nyatana alam akhérat.Wallohu A’lam Bish-Showaab.
Subang, 12 Robi’ul Awwal 1431 H. /26 Pebruari 2010 M.[WANGSA SUSENA]