SAPEDAH

“Jang naha teu ulin...? biasana sok sasapedahan apanan ieu poe minggu...”, ceuk 
mang suhayat ka budakna nu keur ngajentul di buruan... “puguh reksak apa 
sapedahna... jabi teu gaduh acis deuih” jang hardi nembalan...

“naha lain bebeja atuh ka bapa,,, ari maneh “

“emang apa bade masihan artos ?”

“lain pan euy..., ku dewek bisa diomean meureun...”

“naha apa tiasa kitu ?”

“naha ari nyaneh... sok ngareken bapa silaing belegug... , tong boro ngomean 
atuh... eeuuuuhhhhh....., mana sapedahna... ?”

“eh punten apa, apanan abdi di sakolaan kasohor belet... sugan teh turunan ti 
apa...”

“ah silaing mah... eta mah turunan timana horeng... sakieu dewek cerdasna 
euy..., cik mana sapedahna...”

Berebet jang hardi lumpat nyokot sapedah... nu ngajugrug dipipir,

“ieu pa..., sapedah teh rusak teu tiasa di boseh... ngeplos ..”

“cikan kumaha...?” ceuk mang suhayat bari muter-muter pedal sapedah...,  pokna 
“ oh enya jang siga diputer katukang nya ngeplos... ieu mah piriwilna jang 
beak...”

“beak pa ? saha nu ngadahar atuhnya... da piraku ku ema dibubuymah..”

“lain ... siah ieu teh ngarana haus euy... gigina rompal....”

“alah paingan atuh... ke pa sakedap....” ceuk jang hardi bari berebet lumpat ka 
 dapur...

“ieu pa...gelasna... ieu caina....”

“keur nanahaon sia teh hardi...?"

“enya keur eta piriwil... cenah haus nepi huntu beak sigana digegelan....”

“ari silaing saduuut.... lain haus hayang nginum... waduh nyaan budak dewek 
juara belegugnamah...”

“terus kumaha atuh...,?”

“ieu kudu diganti....kudu meuli.... ke dagoan sakeudeung, dewek rek meuli heula 
piriwilna ka pa acu”

“nya pa ceuk uing ge sanes kedah diomean... kedah diartosan...”

“cicing.... ngajedog we sia ah...” ceuk mang suhayat bari terus ngaleos maksud 
rek meuli piriwil...

“jang balikeun sapedahna...!”

“nya moal ditampi atuh apa... sagedengeun tos lami teh apanan reksak...”

“maksud silaing ?"

“enya apa miwarang ngauihkeun ka tokona, sanes ?”

“lain ...kehed... balikeun, tangkarakeun... eeeuuuhhh... ieu mah yeuh...”

“oooohhhhh..... manawi teh....”

***Sawatara waktu....***


“Tah euy geus beres... jang” ceuk mang suhayat bari muter muter pedal sapedah 
ka arah ban hareup nu sapedahna masih nangkarak....

“asik apa nuhun.... nyaan apa pinter, artina uing mah nurun ti ema meureun nya 
belegugna...” ceuk jang hardi bari lumpat ngadorong sapedah....Teu kungsi lila 
jang hardi balik deui bari haruhah harehoh.... awak leutakan... jeung ban 
sapedah ringsek...

“apa....apaaaaaa..... sapedah teh kedah nganggo sapion...”

“naha ?”

“tadi ku ujang ieu sapedah di boseh ka payun ngeplos.... tapi ka pengker 
henteu, jadi ban nateh majuna ka pengker jadi mundur... sae pisan pa, ngan teu 
aya sapionna... jadi ujang tabrakan jeung munding... dasar tah munding teu aya 
kalaksonan...”

“euh jadol euy... tibalik piriwilna jang euy... kadieu urang 
benerkeun...deui...,”

“tapi apa ban-na rusak....”

“gampang eta mah urang make ban sapedah maneh nu sapedaha mini we da sarua 
buleud..., tangkarakeun deui jang....”

“nyaan pinter apa euy...” ceuk jang hardi bari nangkarakeun sapedah....
***

“jang yeuh bener gera ayeuna mah... nam gera ulin....”

“asiiiikkkkkkkkk.... apa uing pinter...” ceuk jang hardi bari langsung kalacat 
kana sapedah...... nu terus di boseh satakerna....Keooookkkk....keokkkk.... 
sora hayam kekeokan... golombrang... boroboootttt... beledag.... 
aduuuhhhhhh.... apaaaaaa..... sora jang hardi ngagorowok.....

“kunaon hardiiiii....?”

“apa ieu sapedah keur dina galengan nya..., pokona keur dina galengan 
apaaaaa.... ieu tarang buncunur....”

“naha ari maneh...”

“enya muih ban-na geus bener tapi pas di boseh pedalna nugteg kana taneuh da 
ban-na leutik, jadi ... ujang... ngajuralit kana kandang hayam...., jadi mun 
dina galengan moal... da pedalna hiji kasawah hiji ka gawir.... jadi moal 
nugteg....”

“kutan kitu ....”

Kirim email ke