Raos atuh kang, anggo weh sapedah anu aya batrean, nanjak batre dijalankeun, mudun digorolongkeun, ngirit tah .. Jaman keur sma, rada wegah make sapedah teh, kajeun leumpang, katilep ku nu make motor, sanajan motorna ducati atawa lambreta oge geus kasebut gaya, make sapedah mah awewe teh pada ngajarauhan.
________________________________ Dari: mj <[email protected]> Kepada: [email protected] Terkirim: Kam, 25 Maret, 2010 10:13:14 Judul: [Urang Sunda] jalur sapedah di bdg Ceuk kompas minggu kamari asana, di bandung baris dijieun jalur khusus pikeun sapedah. Tapi karek ti jalan dago simpang nepi ka jalan hareupeun gedong sate, jl diponegoro tea. Mun noong di batur, cara kota2 di walanda, jalur sapedah teh oge jalur pikeun motor. Ngan mun di urang kitu, karunya nu make sapedah. Sabab populasi motor rebuan kali leuwih loba batan sapedah. Ari di walanda mah sabalikna, populasi sapedah nu leuwih loba. Sacaraiklim, di urang rada teu gaya mun make sapeda make baju kantor, sabab baris full kesang. Jadi nu ngantor make sapeda (bike to work istilah di jkt) marake baju kaos, calana sport, jst), beda jeung di walanda, nu marake baju kantor atawa baju gawe biasa dina sapedah. Malah nu make jas dasi oge aya. Heuheu.Si kuring kungsi dibonceng sapedah ku profesor ti kantorna ka KITLV, sakitar 1,5km. beliau make jas dasi. Haha. come on, it’s common in netherlands, cenah in english. Nya masalahna common eta. Tapi mun si kuring make sapedah ti cihideung ka pangulinan, ripuh oge sigana. Da jalanana teu rata. Indit mudun, balik nanjak. Hahehoh teuing. Mun rata onaman, jeung alam jalan di urang nu rame pajuliwet, teu tumaninah kana sapedah mah Lebih bergaul dan terhubung dengan lebih baik. Tambah lebih banyak teman ke Yahoo! Messenger sekarang! http://id.messenger.yahoo.com/invite/

