hahahahaha 12 kali, 12 rintakan 12 gulitik 12 ajrut-ajrutan

  ----- Original Message ----- 
  From: Waluya 
  To: [email protected] 
  Sent: Thursday, March 25, 2010 12:48 PM
  Subject: [Urang Sunda] [4S] Angka 12


    
  Lamsijan percaya pisan kana angka karamat 12. Keur manehna euweuh hal-hal nu 
istimewa lamun teu pakait jeung angka 12. Dina poe Palentine Lamsijan boga 
rencana arek neangan kabogoh, keur batur hirup engkena.

  Saperti biasa ku manehna dipakaitkeun jeung angka 12. Calon kabogoh nu 
dipilih 12 urang, Tanggal lahirna kudu tanggal 12, buukna kudu ngarumbay 
handapeun punduk kudu 12 cm, imahna kudu nomer 12, lamun bisa aranna oge 12 
huruf, jeung jeung syarat-syarat nu sejenna nu tetep pakait jeung angka 12.

  Tinu 12 urang teh, Lamsijan manggih kawawuhan tina facebook, aranna Mirna 
Suharti, jelas aranna 12 huruf. Mirna Lamun muka facebook jarang, sabulan 
sakali, tapi unggal tanggal 12. Lamun tulas-tulis dina facebook salawasna ngan 
12 kecap, oge ngakuna anak ka 12 ti 14 urang.

  Wah ieu cocog pisan pikir si Lamsijan, gancangan manehna janjian rek 
kopi-darat. Manehna ngajujug imah Mirna nu nomer 12. "tok ..tok...tok" manehna 
ngetok panto Imah Mirna 12 kali. 

  Bray panto muka, nu ngabageakeun Mirna pisan. Pas asup ka ruang tamu, 
Lamsijan ningali aya lalaki 11 urang keur dariuk, jadi aya 12 urang lalaki 
jeung manehna. Ceuk Mirna teh: "Ngenalkeun, ieu Kang Lamsijan, nu nembe 
dongkap, calon kikindeuwan Mirna nu nomer 12!"

  =WLY=



  

Kirim email ke