12 kali hit...t
2010/3/25, TukangGiribig <[email protected]>: > > > > hahahahaha 12 kali, 12 rintakan 12 gulitik 12 ajrut-ajrutan > > > > ----- Original Message ----- > *From:* Waluya <[email protected]> > *To:* [email protected] > *Sent:* Thursday, March 25, 2010 12:48 PM > *Subject:* [Urang Sunda] [4S] Angka 12 > > > > > Lamsijan percaya pisan kana angka karamat 12. Keur manehna euweuh hal-hal > nu istimewa lamun teu pakait jeung angka 12. Dina poe Palentine Lamsijan > boga rencana arek neangan kabogoh, keur batur hirup engkena. > > Saperti biasa ku manehna dipakaitkeun jeung angka 12. Calon kabogoh nu > dipilih 12 urang, Tanggal lahirna kudu tanggal 12, buukna kudu ngarumbay > handapeun punduk kudu 12 cm, imahna kudu nomer 12, lamun bisa aranna oge 12 > huruf, jeung jeung syarat-syarat nu sejenna nu tetep pakait jeung angka 12. > > Tinu 12 urang teh, Lamsijan manggih kawawuhan tina facebook, aranna Mirna > Suharti, jelas aranna 12 huruf. Mirna Lamun muka facebook jarang, sabulan > sakali, tapi unggal tanggal 12. Lamun tulas-tulis dina facebook salawasna > ngan 12 kecap, oge ngakuna anak ka 12 ti 14 urang. > > Wah ieu cocog pisan pikir si Lamsijan, gancangan manehna janjian rek > kopi-darat. Manehna ngajujug imah Mirna nu nomer 12. "tok ..tok...tok" > manehna ngetok panto Imah Mirna 12 kali. > > Bray panto muka, nu ngabageakeun Mirna pisan. Pas asup ka ruang tamu, > Lamsijan ningali aya lalaki 11 urang keur dariuk, jadi aya 12 urang lalaki > jeung manehna. Ceuk Mirna teh: "Ngenalkeun, ieu Kang Lamsijan, nu nembe > dongkap, calon kikindeuwan Mirna nu nomer 12!" > > =WLY= > > >

