Wah.................. alus pisan tah forwardan teh.
Jadi memang Sajarah di Indonesia mah, hese dicukcrukna, lantaran sumberna
atawa nara sumberna loba legenda atawa dongeng.
Tapi paling saeutik, aya bahan bandingan jeung tulisan sejenna.
Jadi hasilna memang loba spekulasi, ngan asal ulah jauh teuing we tina pakem.

Nu nyata, nya eta :
1. Memang Raja Sunda datang ka Majapahit
2. Pasti lain rek ngajorag perang, da nanaonan make mawa permaesuri jeung putri 
?
3. Ampir kabeh balad Sunda nu datang ka Majapahit ngemasi pati

Nu spekulatif, jeung bisa diadurenyomkeun (debatable) nya eta :
1. Urang Sunda /turunan Sunda jadi Raja di Majapahit
2. Masih loba hubungan silsilah antara Majapahit jeung Sunda
3. Candi2 nu aya di Trowulan

Kasimpulan ti na eta carita/tulisan nu di forward ku mh :
1. Masih loba keneh PR Sajarah pikeun urang sarerea
2. Dokumentasi kacida pentingna, carita tutur teu bisa dicekel lantaran loba 
sangeunahna
sorangan. Ari dokumentasi teh, nya eta : catetan atawa tulisan di na kertas 
atawa batu,
atawa naon bae nu bisa nangtukeun eta kajadian, kalawan statis. Terus candi2 
jste.
Nu matak ayeuna dokumen nagara dicatet di Sekneg.

Cag........................



      

Kirim email ke