Hapunten nu kasuhun tisadayana, ieu seratan bilih ngadupak kana manah urang 
sadaya.

Asa ku reugreug, gening urang sunda teh tos seueur anu "melek teknologi" teu 
gaptek teu kuper. Buktosna dina ieu forum sakitu seeurna nu ngangken urang 
sunda. 

Mung sakedik patarosan sim kuring, kinten-kinten aya sabaraha urang (sabaraha 
persen) nu ngangken urang sunda bari terang kana aksara sunda. 

Sim kuring kantos iseng turas taros ka sabaraha jalmi, boh murid sakola, ka 
pagawe, jeung masarakat umum. Gening seuseueurna mah teu terangeun kana aksara 
sunda. Bujeng-bujeng kana cara maca na, kana rupa aksara sareng seueurna ge teu 
terangan. 

Kinten-kinten dipalih mana lepatna ieu pasualan. Cenah urang teh kudu ngamumule 
kana seni sareng budaya na  sorangan, tapi kana eta aksara sunda 
dihare-harekeun. 



kanggo nu hoyong terang conto aksara sunda diantos di 
http://rradensunda.blogspot.com tiasa di donlod (naon nya basa sunda na 
download) haratissss

Kirim email ke