--- In [email protected], ana kristiana <ana_kristi...@...> wrote:
>
> Baraya sadaya,
> 
> Nguping wartos di Bandung bade di bangun PLTS (pembangkit listrik tenaga 
> sampah).
> 
> Dimana lokasina ? (baraya di Cijaura teu aya nu terang yeuh)
> 
> Nami perusahaan anu bade ngabanguna saha ? (Naros ka rerencangan di PLN 
> garideug)
> 

Upami teu lepat di Gedebage, Teh. Implengannana: Lian ti pabrik listrik (3 
hektar), oge aya stadion olahraga (7 hektar). Nami pausahaannana PT Bandung 
Raya Indah Lestari. Upami teu lepat, investorna ti RRC. Sanaos tos prung, teu 
acan sadaya warga nyaluyuan ieu proyek. Malih dugi ka aya nu kantos ngajukeun 
gugatan judicial review ka...PN Bandung -- tangtos ditolak, margi sakedahna eta 
gugatan dialungkeun ka MA. (Tapi, sigana ayeuna mah tos ditarampi. "Digebrag" 
ku program 10 ribu MW-na Jusuf Kalla -- taun 2006 oge digorowokkeun deui 
samemeh sareng salami pilpres kamari).
 
Bantargebang, Bekasi, tos ngawitan prung. Medio Maret kamari Dirut PLN Dahlan 
Iskan tos ngainpeksi pangwangunan eta PLTSa. Nu gaduh alpukah di dieu PT 
Navigat Organic Energy Indonesia (PT NOEI). Sanaos dirancang kedah rengse taun 
2013, cenah, ayeuna tos ngahasilkeun listrik 1,5 MW -- tina 26 MW listrik nu 
ditargetkeun.
  
Oge PLTSa sanesna di Babakan, kacamatan Ciparay, Kabupaten Bandung. Proyek 
hibah ti Medco Group (Arifin Panigoro & Bro)ieu, upami teu lepat, tos 
beroperasi ngawitan taun pengker. Kapasitas listrik nu dihasilkeunnana 800 KW. 
Upami nu di Gedebage ngahasilkeun 7 MW.

Info langkung paos tiasa dipaluruh di www.indonesiaenergywatch.com.

 
Pun Maman
anu kasep

Kirim email ke