Hatur nuhun akang anu kasep, Mudah-mudahan, polah para insinyur teh manfaat keur balarea, utamana sampah teh teu jadi bahan urugan wungkul, salian ti bauna ka mana-mana, bisa ngaruksak kesehatan air tanah, pan ali jadi listrik mah manfaat tah.
Bade dipaluruh, Nuhun Ana anu geulis tea ________________________________ From: Maman Gantra <[email protected]> To: [email protected] Sent: Wed, March 31, 2010 6:45:31 AM Subject: [Urang Sunda] Re: tumaros --- In urangsu...@yahoogro ups.com, ana kristiana <ana_kristiana@ ...> wrote: > > Baraya sadaya, > > Nguping wartos di Bandung bade di bangun PLTS (pembangkit listrik tenaga > sampah). > > Dimana lokasina ? (baraya di Cijaura teu aya nu terang yeuh) > > Nami perusahaan anu bade ngabanguna saha ? (Naros ka rerencangan di PLN > garideug) > Upami teu lepat di Gedebage, Teh. Implengannana: Lian ti pabrik listrik (3 hektar), oge aya stadion olahraga (7 hektar). Nami pausahaannana PT Bandung Raya Indah Lestari. Upami teu lepat, investorna ti RRC. Sanaos tos prung, teu acan sadaya warga nyaluyuan ieu proyek. Malih dugi ka aya nu kantos ngajukeun gugatan judicial review ka...PN Bandung -- tangtos ditolak, margi sakedahna eta gugatan dialungkeun ka MA. (Tapi, sigana ayeuna mah tos ditarampi. "Digebrag" ku program 10 ribu MW-na Jusuf Kalla -- taun 2006 oge digorowokkeun deui samemeh sareng salami pilpres kamari). Bantargebang, Bekasi, tos ngawitan prung. Medio Maret kamari Dirut PLN Dahlan Iskan tos ngainpeksi pangwangunan eta PLTSa. Nu gaduh alpukah di dieu PT Navigat Organic Energy Indonesia (PT NOEI). Sanaos dirancang kedah rengse taun 2013, cenah, ayeuna tos ngahasilkeun listrik 1,5 MW -- tina 26 MW listrik nu ditargetkeun. Oge PLTSa sanesna di Babakan, kacamatan Ciparay, Kabupaten Bandung. Proyek hibah ti Medco Group (Arifin Panigoro & Bro)ieu, upami teu lepat, tos beroperasi ngawitan taun pengker. Kapasitas listrik nu dihasilkeunnana 800 KW. Upami nu di Gedebage ngahasilkeun 7 MW. Info langkung paos tiasa dipaluruh di www.indonesiaenergy watch.com. Pun Maman anu kasep

