Hatur nuhun.... Tiasa janten kitu, margina anu diserat di cikundul3.multiply.com mung ukur catetan rai pun Aki, janten mung saukur anu kaemut ku pun aki, ditambih hasil tataros tipara inohong mamaos Cianjuran. Rupina saderek Gagak Bandung, aya teureuh Cianjur oge...., janten hoyong tepang yeuh. Mugi Allah SWT. tiasa nepangkeun urang..aeh boa-boa kantos tepang.
ssw http://cikundul3.multiply.com Tong nyaliksik naon nu bisa dicokot ti kiSunda Tapi talungtik naon nu bisa dibikeun ka kiSunda Gagak Bandung <[email protected]> Hatur nuhun kang, abdi tiasa terang sajarah mamaos cianjur. Nyebarna mamaos cianjuran kabalarea ngawitanna di pasarbaru sareng kauman. Muridna ti pasarbaru nu diwulang aya dalapan (dina pedaran situs akang ), kapungkur abdi kantos ngaos salian anu dalapan aya deui nu sanesna, upami teu lepat RE Muhtarman, R.Ramlan - Cacih Djarkasih, R.Ebo, Resna, Ooh/Cucu, R.Djamhur. Ti R. Ebo teras ka Nyi Mas Saodah, Oceng Kasim & Mamad. Murid ti Pasar Baru / Kauman salian ti R. Etje Madjid aya nu sanesna, upami teu lepat M. Asikin. Salian ngawulang di Pasarbaru/Kauman, R.Demang Natakusumah ngawulang oge di Bojongherang, muridna nyaeta Aong Djaja Lahimin & R. Djajawiredja, pangikutna aya kana sapuluhna diantawisna R.E. Muhtarman, teras ka Amih Onah cs, teras ka R.Ace Hasan Sueb, saterasna ka Euis Komariah & Tintin Suparyani. Hapunten kang, ieu mah mung intermeso, bilih lepat, nyobi maluruh paporit abdi Nyi Mas Saodah & Euis Komariah. Hapunten gagak hideung

