Hatur nuhun kang, kalintang bingahna upami abdi aya teureuh ti Cianjur, nanging abdi ti Bandung. Sakedik nambihan, sugan we kaanggo. Ngawitan gelarna Tembang Sunda Cianjuran di Bandung. Dina tahun 1920 RAA.H. Mucharam Wiratanakusumah diangkat janten Bupati Bandung, kasenian degung lengkep sareng gamelanna diboyong ka Bandung. R.Etje Madjid dipasihan pancen kanggo nyebarkeun Tembang Sunda Cianjuran di Bandung, murid2na diantawisna R.Emung Purawinata. R.Etje Madjid nikah ka putri katurunan menak Bandung, namina Nyi R Sitimunigar. Nya tempat linggihna diabadikeun janten jalan/gang Sitimunigar (desa Tegalega). Baktos abdi gagak bandung
________________________________ Dari: Siddik Wiradireja <[email protected]> Kepada: [email protected] Terkirim: Kam, 1 April, 2010 21:43:59 Judul: Re: Bls: [Urang Sunda] adu jaten parebut seeng ==> Cikundul Hatur nuhun.... Tiasa janten kitu, margina anu diserat di cikundul3.multiply. com mung ukur catetan rai pun Aki, janten mung saukur anu kaemut ku pun aki, ditambih hasil tataros tipara inohong mamaos Cianjuran. Rupina saderek Gagak Bandung, aya teureuh Cianjur oge...., janten hoyong tepang yeuh. Mugi Allah SWT. tiasa nepangkeun urang..aeh boa-boa kantos tepang. ssw http://cikundul3. multiply. com Tong nyaliksik naon nu bisa dicokot ti kiSunda Tapi talungtik naon nu bisa dibikeun ka kiSunda Gagak Bandung <gagak...@yahoo. com> Hatur nuhun kang, abdi tiasa terang sajarah mamaos cianjur. >Nyebarna mamaos cianjuran kabalarea ngawitanna di pasarbaru sareng kauman. >Muridna ti pasarbaru nu diwulang aya dalapan (dina pedaran situs akang ), >kapungkur abdi kantos ngaos salian anu dalapan aya deui nu sanesna, upami >teu lepat RE Muhtarman, R.Ramlan - Cacih Djarkasih, R.Ebo, Resna, Ooh/Cucu, >R.Djamhur. >Ti R. Ebo teras ka Nyi Mas Saodah, Oceng Kasim & Mamad. >Murid ti Pasar Baru / Kauman salian ti R. Etje Madjid aya nu sanesna, upami >teu lepat M. Asikin. >Salian ngawulang di Pasarbaru/Kauman, R.Demang Natakusumah ngawulang oge di >Bojongherang, muridna nyaeta Aong Djaja Lahimin & R. Djajawiredja, pangikutna >aya kana sapuluhna diantawisna R.E. Muhtarman, teras ka Amih Onah cs, teras ka >R.Ace Hasan Sueb, saterasna ka Euis Komariah & Tintin Suparyani. >Hapunten kang, ieu mah mung intermeso, bilih lepat, nyobi maluruh paporit abdi >Nyi Mas Saodah & Euis Komariah. > >Hapunten >gagak hideung > > Lebih aman saat online. Upgrade ke Internet Explorer 8 baru dan lebih cepat yang dioptimalkan untuk Yahoo! agar Anda merasa lebih aman. Gratis. Dapatkan IE8 di sini! http://downloads.yahoo.com/id/internetexplorer/

