Hatur nuhun katampi pisan, nembe terang aya acara mieling 100 tahun pupusna dalem Pancaniti, ma'lum taun 1963 mah nembe kelas 3 SR.
ssw http://cikundul3.multiply.com Tong nyaliksik naon nu bisa dicokot ti kiSunda Tapi talungtik naon nu bisa dibikeun ka kiSunda Gagak Bandung <[email protected]> Taun 1963 RE Muchtarman, waktos mieling 100 tahun wafatna Kanjeng Pancaniti, ngadamel pupuh kinanti nu ngajenan karamatna kacapi Pisaurna para sepuh, jaman Kanjeng Pancaniti Kacapi dianggo sarat, sarat nu ngagem seni, estuning teu lalawora nyimpenna dipusti-pusti Sasarap buludru paul disisian pasmen kuning, kembangna ku aer emas, di lebet kamar maranti, kamar nu kenging ngahias, alusna kaliwat saking. Tutupna ku cinde wulung, dilapisan sutra wilis, disalindang mangle kembang, ermawar sareng malati, dihormat didama-dama, kacapi Nyi Guling Putih. Lamun kasumpingan tamu, sasami pada bupati, osok dihaturan kembang, nyandak tina bokor kuning, lajeng kacapi disekar, tawis ngiring bingah galih. Diawur ku arum-arum, wawangen ku minyak wangi, diebogkeun dibantalan, bantalna putih bersih, dilangkangan ku panangan, mantun bari ngahariring. Sugan weh tiasa katampi ku Kang S.Wiradireja. Baktos abdi gagak hideung

