Panasaran ku patarosan akang, abdi mukaan peperinaan, mung teu kapendak ari nu 
pas pisan mah, panginten saderek nu sanesna aya anu terangeun.
Mung ieu mah anu rada caket, dina pakeman basa Sunda aya nu disebat Rakitan 
Lantip nya eta susunan kecap atawa ungkara kalimah anu dihartikeunana henteu 
sacerewelna, tapi kucara sindir, dihartikeun ku kabiasaan kalawan make dadasar 
kalantipan.Lamun dihartikeun sacerewelna nurutkeun tata basa hartina jadi salah.
Contona :
Cing pangmiceunkeun tampolong !: anu dipiceun teh eusina, lain tampolongna.  

Emh, bau nu ngagoreng bawang : anu bau teh lain nu ngagorengna, tapi goreng 
bawangna.
Panginten : Ngasupkeun cincin kana ramo : anu diasupkeun teh lain cincin kana 
ramo, tapi ramo kana cincin.

Hapunten
gagak hideung


________________________________
Dari: Jelan <[email protected]>
Kepada: [email protected]
Terkirim: Ming, 21 Maret, 2010 15:31:48
Judul: [Urang Sunda] Naros istilah bahasa sundana...

  
Assalamu'alaikum sadayana....
Saalit hoyong naroskeun ka sadayana, ari di bahasa sunda aya istilah majas 
ngabalikeun teu? Misalna kieu, 

a. Ngasupkeun cincin kana ramo, padahal mah justru ngasupkeun ramo kana cincin.
b. Ngasupkeun kopeah kana sirah, padahal mah ngasupkeun sirah kana kopeah. 

Tah abdi mendakan conto teh dina bahasa arab, bari jeung dina bahasa arab mah 
istilahna teh disebat "Majas Qolab (ngabalikeun) ". Ari dina bahasa sunda aya 
istilahna teu? Da gening sok diangge ku urang sahari-hari babasaan eta teh. 
Mung hoyong terang wungkul weh ieu mah..
Nuhun,
Baktos Jaelani





      Lebih bergaul dan terhubung dengan lebih baik. Tambah lebih banyak teman 
ke Yahoo! Messenger sekarang! http://id.messenger.yahoo.com/invite/

Kirim email ke